> From: "indung peuting" <[EMAIL PROTECTED]>
> Punten kang Yudi, bilih teu nyambung  si teteh gaduh pamadegan 
> nyalira, wiosnya....

Perkara "teu nyambung" antara nu "pinter" jeung jalmi biasa teh, 
tiasa ditingali dina wartos kamari perkawis Exxon tea. Aya sakolompok 
masyarakat di Jawa Tengah rek ngademo Exxon di "Blok Cepu".  Tapi 
reaksi masyarakat di "Blok Cepu" ( di Bojonegero Jawa Timur saleresna 
mah sanes di Jawa Tengah) malah sabalikna. Lain ngadukung anu rek 
ngademo, tapi malah ngambek, ngadenge lokasi-lokasi bor eksplorasi 
Exxon rek didemo. Langsung nyieun barikade jalan, tatangkalan 
dirubuhkeun, ngahalangan jalan. Masyarakat didinya taki-taki, aya nu 
mawa linggis, bambu runcing, paneunggeul, bedog .....rek ngahalangan 
anu rek demo. Masyarakat "Blok Cepu" geus teu sabar deui, hayang buru-
buru minyak nu aya dijero taneuh maranehna teh diala kaluar. Keur 
maranehna teu jadi masalah rek Exxon atawa rek Pertamina atawa rek 
saha wae, nu penting minyak bisa diala, nu ceuk pamikir maranehna mah 
engkena bakal mere kasejahteraan ka masyarakat "Blok Cepu".

Di Jakarta jeung di kota-kota ageung sejenna,  nu palalinter, ting 
gorowok, kieu jeung kitu. Tapi rahayat nu "diatas nama" keunana, 
geuning boga pamandegan anu acan tangtu sarua ...........

Baktos,
WALUYA







Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke