Sabtu kamari, kuring ngobrol jeung salah saurang Gurubesar FHUI anu kakarek dikukuhkeun, kawantu eta guru besar teh idekhiler jeung kuring waktu keur jadi mahasiswa di media kampus. Umur kakarek 41 taun, tapi pangalaman dina widang hukum, jero oge.
Ceuk manehna teh cenah ti saprak orde baru kakara marentah masih aya 400 an undang-undang atawa aturan titinggal pamarentah kolonial. Dina jaman orde baru aturan kolonial teh ngurangan ngan jadi 380 an. Cenah mah jaman orde baru anggaran di APBN keur widang hukum aya dina urutan anu kawilang pang buncitna (heunteu jadi prioritas utama). Rek jadi prioritas kumaha, atuh da bidang hukum mah aya dina klasifikasi subsektor. Dina RAPBN taun 1993, kakara bidang hukum "naek darajat" jadi sektor bidang hukum. Kacindekanana tijaman orde lama tug nepi ka jaman orde baru heunteu jelas arah Politik Pembangunan Hukum Nasional. Di jaman awal-awal reformasi, perkara politik hukum ieu oge teu pati jelas. Produk hiji hukum masih sok sering "tabrakan" jeung produk hukum nu sejenna. Atuh dina substansi hukum, aya inkonsistensi jeung tumpang tindih anatara hiji aturan hukum jeung aturan hukum sejenna. Atuh dina implementasina macet sabab can aya aturan pelaksanaanana. Dina periode reformasi SBY ayeuna kakara aya kajelasan dina perkara politik pembangunan hukum nasional, anu aya di Pembangunan Jangka Menengah Nasional (RPJMN) 2004 - 2009. Dina RPJMN eta teh aya tilu hal anu jadi perhatian. Kahiji, Substansi Hukum; kadua struktur hukum; katilu budaya hukum. Masalah anu utama dina politk pembangunan hukum nasional teh nyaeta, kahiji ngaganti aturan hukum ti jaman kolonial anu masih dipake ku cara nerapkeun aturan peralihan UUD 1945. Kadua, nyieun atawa nyiptakeun hukum anyar anu dadasarna/sumberna ka Pancasila jebg UUD 1945, anu cocok jeung kamekaran masyarakat di tingkat lokal, nasional, regional jeung internasional dina era kasajagatan (globalisasi). baktos mrachmatrawyani --- H Surtiwa <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Waduh, lamun ngan satuju atanapi henteu > satuju..malah poek...kunaon nya ? > Lamun ditilik mah.seuseurna mah ngadukung.lantaran > sae pisan > sumngatna.."it's driven to protect the society". > Tapi seueur pisa nu teu > satuju kana cara ngabeberkeun sareng ngadamel > eusina,,seur nabrak kana > prinsip anu parantos dilindungi ku konstitusi > atanapi produk hukum anu > sanesna. Nah tidieu siganamah langkung sae dibentuk > pokja para ahli hukum > (S3 mun perlu), tokoh LSM (nu pinter teu nolak > prinsip tapi ngart maksudna > RUU), anggota DPR (ulah anu maksakeun kahayang > wungkul bari uteuk dengkul > !), bet wae padungdeng, kumaha carana keur > ngabeberkeun maksud murni > sebagai produk hukum anu ngawaler kana aspek > palanggaran hukum masalah > pornografi atanapi pornoaksi. > > Dina rancangan ayeuna masih aya anu teu > konseptual..masalah..cara berpakean > sareng kalakuan pribadi (khususna awewe) diancam > pidana (produk hukum), djs. > Ari stakehoder utama kana masalah perpornoan teh > nyaeta lalaki (hidung > belang, pengedar-pedagang pronografi, > produser,photografer porno, industri > sejenna) malah aman jeung tengtrem.......lantaran > teu kasinggung. __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

