kang Natapraja kumaha damang. sae pisan gaduh lamunan teh... kantenan deui pami gaduh kawantun kanggo ngawujudkeuna.. (nyutat tina buku "The Disney Way"). "...walt disney waktos anjeuna murangkalih keneh dipasihan tugas nga gambar ku guruna. teu ilahar sareng nulian ajnjeunamah gambar na teh (gambar kembang) make jeung dipapaesan ku baham, soca, oge cepil. atuh puguh wae teu sirikna pada moyok/nyeungseurikeun kubabaturanana oge ku ibu guruna" . Tapi ayeuna jalmi sakuliah dunya terang saha WaltDisney teh sareng naon wae anu tos digarap ku anjeuna. salah sawios palsafah anjeuna teh nyaeta " Dream, Dare, Do".
saleresnamah ceuk kuring eta palsafah teh intina sami sareng nu tos lami aya di urang "lamun keyeng tangtu pareng", oge palsafah kaimanan "yakin na jero ati, diucapkeun dina lisan, sareng di amalkeun dina gawe anu rancage" perkawis rakyat kang... rakyat teh ceuk kuring mah jalmi sapuratina nya cacah nya menak nya murangkalih, nonoman oge sepuh jst.. saleresnamah lamun urang niat tangtos tiasa ngiring ilu biung enggoning ngawujudkeun kawalatraan urang sunda khususna oge jalmi sakuliah dunya umumna. contona "pami urang tiasa ngokolakeun runtah pribadi/rumah tangga" panginten moal kedah aya kahjantenan sapertos di Leuwi Gajah deui, "dulur urang kaurugan ku runtah. tapi kurang 'bergengsi' panginten he..he..., perkawis cetek eta mah, kirang intelek jsb... (teu langkung...). Janten akang gaduh lamunan naon wae...mangga lajengkeun dugi ka wantun prakna. (sanes miwarang nyumangetan tiditunamah..he..he..) Kuring pribados gaduh 10 tahun anu kapengker gaduh lamunan hoyong ilu biung dina kasundaan alhamdulilah tos wantun sareng prakna: 1.ngadamel game keur barudak sunda gawe bareng kang Dadan Sutisna, Ayi R. Satjadiputra, Oman Abdurahman. http://www.cupumanik.com/c_gamesunda.php 2.janten nu ngiring masarkeun majalah sunda Cupumanik. ngiringan milis urangsunda (sami sareng akang..he..he..). 3.Anggota Koperasi Amanah Sunda anu dikokolakeun ku kan Maman Gantra + Kang Agus P saparakanca. 4... tos sugema? (teu acan kang... mung tos wantun wae prakna sasieureun sabeunyeureun) nuhun kang (atoh euy aya batur sakaresep ...."ngalamun" he...he..) ----------------------------------------------------------------------------------------------- BEWARA. Komunitas Srimanganti anu dipupuhuan ku kang Darpan Aria Winangun bade ngayakeun kagiatan "Riksa Sunda" agenda: a. Diskusi buku kumpulan carpon "Dulag Nalaktak" jeung Nove "Bentang Pasantren" karya H. Usep Romli HM. Pangjejer H.Usep Romli HM, Hawe Setiawan, K.H. Tantowi Musadad. Moderator Budi Suhardiman. Maca Carpon ku Inda R. Graha b. Sosialisasi game sunda kkarya sonirosa (kuring saparakanca, kang Dadan Sutisna, Ayi R. S., Oman Abdurahman). pang jejer sonirosa (kuring), moderator Darpan. c. Baear Buku Sunda (naon nya "baear" teh?...) kagiatan dipuseurkeun di kampus STKIP Garut. dinten: kemis kaping: 30 maret 2006 tabuh : 09:00 dugi ka.... tempat: Aula Kampus STKIP Garut. Jl. Pahlawan No.32, Sukagalih, Tarogong Kidul, GARUT. mangga ka urang garut atanapi saha wae baraya anu bade ngiringan di antossssssssssssssssss..... ------------------------------------------------------------------------------------------------ On Mon, 20 Mar 2006 11:24:33 +1100 "S M Natapradja" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Ass........... > Sumuhun teteh.........akang oge panuju sareng sapuk >pisan emutan akang > sareng salira, akang oge sakali-kali osok >memperhatoskeun politik, anu > penting mah kumaha carana sangkan rakyat alit bahagia >dina widang pepesereun > ( hususna sembako ) da upami ningal dina warta berita >mah gening anu di > kalangan atas mah teu aya masalah perkawis ekonomi teh, >naha meni rakyat > alit wae anu janten korban teh. > Sakapeung akang osok ngalamun asa hayang jadi jelema anu >luhung elmu > kabatinan tur sakti mandra guna anu teu aya tandingan >nana di alam dunya, > akang mah hoyong nyekekan anu koruptor2 di indonesia, da >upami ngalawan ku > ilmu politik mah moal tiasa kenging da posisi ge janten >rakyat, numawi kedah > ku jalan nu kitu > anu bakalan pikasieuneun para koruptor sareng bakalan >ngemutan 100x lipat > kanggo anggo anu bade korupsi......( hihihihihi....dasar >nya ari ngalamun > sok sagala asyikkk tur siga nu bisa wae ) > punten ah ngiring usul..atuda keuheul ku ningal ka ayaan >rakyat anu beuki > dieu teh beuki nga prihatinkeun............ > > Wass..... > > Natapradja > ----- Original Message ----- >From: "indung peuting" <[EMAIL PROTECTED]> > To: <[email protected]> > Sent: Monday, March 20, 2006 2:54 AM > Subject: Re: [Urang Sunda] usul kuring > > >> Naha kang Yudi bet elehan.....he he, >> Tos dugi kamana eta RUU APP teh, si ipeut mah teu >>ngabandungan. Sanes > teu hoyong terang mung anu janten perhatosan si terteh >perkawis beas , eta > wae karek terang harga beas geuning tos menjulang >tinggi, nyaan....mani > ngarenjag..! >> >> Waktos pun adi ka Sby, naros ...kieu , teh ..!. ari >>harga beas didieu > sabaraha sakilo? di jawab teh paling awis 3000 rupia, >anjeula mani olohok > oh...didieu mah mirah, ah...rek jualan beas waenya...teu >percaya harga beas > 3000, si horeng ari ditanyakeun ka warung geus harga >5000 perak...baruk..! > mani awis, malihan beas begawan mah 6300 sakilo, Kuring >ngahuleng > sajongjonan...euleuh kumaha rahayat di lembur..? paingan >atuh tos seueur anu > busung lapar, beas oge sakitu awisna, ti harita janten >hulang-huleng, boro2 > resep macaan RUU APP, mikiran beas oge teu masuk akal >bet mahal.... >> >> Janten RUU APP teh tos ngabahayakeun masyarakat...? >>ceuk pikiran si > teteh mah, anu langkung urgen ngabahas kumaha carana >rahayat teu busung > lapar, di lembur2 pedesaan anu miskin tos sakali >sadinten tuang sangu, malih > tos tuang gaplek, tuang sesa sangu anu tos di poe, >piwatireun. >> >> Nyaan teu katarik sama sakali padungdengkeun RUU APP >>teh, da masyarakat > upami tos ma'mur mah moal pajeng sarupaning anu berbau >porno, sok wae > tinggal di nagara tatanggi aya teu UU APP ? asa can >ngadangu..... >> >> Punten kang Yudi, bilih teu nyambung si teteh gaduh >>pamadegan nyalira, > wiosnya.... >> >> ipeut >> >> yudi <[EMAIL PROTECTED]> wrote: >> Sigana mah kuring teh cape euy miluan paadu caturna >>ruu teh. Asa eleh > sora ku koran nu nolak nu tarik sorana sanajan can >tangtu loba henteuna > mah. Jadi geus we lah rek ngelehan, kuring deuk milu >nolak ruu. Ngan salian > rek milu nolak, kuring mah nambahan milu usul ngarah >teu diprotes: "ah > silaing mah bisana ngan nolak wungkul!" >> >> Usul kuring didasaran teorina abah Weber ngeunaan >>parobahan sosial. > Ceuk manehna salah sahiji tanaga nu bisa mucunghulkeun >parobahan sosial > hiji masarakat teh nyaeta rasionalisasi kahirupan eta >masarakat. Ceuk > manehna oge, kulantaran di masarakat teh aya >macem-macem kapentingan, > rasionalisasi teh dina prosesna sok mawa konflik jeung >riributan. >> >> Tah tina dua pamikiran Weber di luhur, usul kuring >>hayu lah urang > rasionalisasikeun kahirupan urang dina widang >'perpronigrafian' tea. Kumaha > cara rasionalisasina? Gampaaang, turutan wae nagara >batur nu geus kabukti > "maju" lah! Tapi urang mah ulah pipilueun ributna >nagara2 eta zaman baheula > nu nepi ka aya perang sipil sagala. Urang mah hayu we > plek turutan siga > kumaha manehna ayeuna ngatur masarakatna. >> >> Kumaha prakna usul ieu teh? Kuring ayeuna rek >>ngusulkeun teu perlu aya > RUU APP. Tapi salian ti eta, hayu oge urang ngarobah >cara hirup urang jeung > milu dina sosialisasi parobahan cara hirup eta. Hayu >urang galakkeun hirup > bebas, hayu urang halakeun pelacuran, aborsi, sakalian >cabut we lah UU > perkawinan, nanahaon lah kawin sagala ngan ukur sumber >ribut wungkul. >> >> Tah mun geus sarua kabeh aturanna pan urang bisa >>tenang teu kudu > mikiran hal-hal eta. Barudak bisa bebas macaan naon wae >tur bisa > soson-soson diajar. Naon sababna? Sabab mun misalna >maranehna nempo jelma > buligir teu kudu susumputan bisi kapanggih ku kolotna >atawa ku batur da > geus loma ieuh. Keun we misalna si Enok adi kuring geus >ningali si Anjas > buligir terus hayang indehoy mah sina menta we ka >babaturan lalakina, asal > suka jeung suka wae lah daripada susumputan. Atuh para >kolot teu kudu > mikiran ka saha anak-anakna ulah sok hayeuh ngadesek >anak awewena sangkan > ati-ati jeung teu kudu sieun diperkosa, moalenya geus >dibebaskeun palacuran > jeung bisa meunang indehoy suka pada suka masih keneh >aya nu merkosa? >> >> Kumaha mun budak hamil umur 14/15/16 taun siga anu >>kajadian di nagara2 > maju tea? Nya tong kapalang atuh, turutan oge: urang >halalkeun aborsi. > Turutan oge pamarentah nagara2 eta nu ngajamin tiap >bayi nu lahir di eta > nagara. Siga di Inggris tea geuning, tiap bayi lahir >dibere tunjangan. Keun > bae upama misalna ku aturan ieu urang kudu bayar pajak >gede siga di nagara2 > eta nu bisa nyampe 50% atawa 70%. >> >> Tah sigana mah mun sakabeh cara hirupna geus >>diturutan pamohalan atuh > urang teu maju. Da tetela pornografi mah ngan hiji >subsistem tina sistem > sosial nu leuwih gede. Jadi moal bisa urang boga >subsistem nu dilandasan > hiji ideologi mun kahirupan sosial masarakat nu lianna >tacan nganut eta > ideologi. Mun urang ngan nyonto sabagian-sabagian, >teorina si Abah Weber > tea bakal kajadian: urang bakal moal maju-maju da >tanaga urang beak ku > konflik jeung riributan siga ayeuna. Contona hayang >boga kabebasan pers > tapi para kolot masih sieun budak awewena indehoy tapi >teu nikah heula, teu > produktip lin? >> >> Kumaha jelma2 nu boga pamadegan yen hirup siga kitu >>teh teu saluyu > jeung kayakinnana? Keun wae lah, salah sorangan sieunan >jeung leutik burih. > Mun teu satuju titah ingkah nyieun nagara sorangan ka >dituh! >> >> Yudi >> Maret 2006 >> >> >> ..:::.. >> Regards >> >> [EMAIL PROTECTED]; [EMAIL PROTECTED]; > [EMAIL PROTECTED] >> >> >> >> >> >> >> >> --------------------------------- >> Brings words and photos together (easily) with >> PhotoMail - it's free and works with Yahoo! Mail. >> >> [Non-text portions of this message have been removed] >> >> >> >> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id >> >> >> >> >> SPONSORED LINKS >> Corporate culture Business culture of china >> Organizational > culture Organizational culture change > Organizational culture > assessment Jewish culture >> >> --------------------------------- >> YAHOO! GROUPS LINKS >> >> >> Visit your group "urangsunda" on the web. >> >> To unsubscribe from this group, send an email to: >> [EMAIL PROTECTED] >> >> Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! >>Terms of Service. >> >> >> --------------------------------- >> >> >> >> >> Send instant messages to your online friends >>http://uk.messenger.yahoo.com >> >> [Non-text portions of this message have been removed] >> >> >> >> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id >> >> Yahoo! Groups Links >> >> >> >> >> >> >> > > > > > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id > > Yahoo! Groups Links > > > > > > ======================================================================================== Ikuti Lomba Puisi Online Jawa Timur, dapatkan hadiah menarik setiap bulannya dan hadiah total senilai 60 juta rupiah hanya di http://www.plasa.com ======================================================================================== Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

