ngan sa ukur neruskeun, ti www.klik-galamedia.com
menu ceplas ceplos.
Redaksi, Yth.
Sampurasun, nepangan nu dipikarungu lan dipikasono, pak guru besar pagolekan jurusan hakikat spesialisasi tasawuf pakar di bidang spirit of religi: Kang Asep S.S. ti Giri Harja 3.
Assalamualaikum. Sareng hormat (nu ieu mah nyaanan santes bobojegan).
Jisim kuring Beben, putu Hyang Jagadnata, urang Kopo wargi Pa-Sunda-an, sanaos getihna mah buatan Cina namung budayana mah asli Sunda. Salah sahijina wayang golek anu baleg, nyaeta nu dalangna bisa nyumerepkeun maneh kana golek.
Dina hiji mangsa mah hate teh mani hibar kulantaran ari tutup minggu teh saatos bobolokot kesang 6 dinten aya panghiburan, boh di Indosiar atanapi di TPI nyaeta acara wayang golek tea.
Teras mung di TPI saja, lalu kereles...moksa, jigana mah ku alesan komersial.
Kemudian muncunghul lagi...tapi dengan format yang sangat lain, nyaeta mamawa buta hirup nyaanan.
Di sini nih Kang Cepot permasalahan mulai muncul. Kakeuheul mimitian nolol, kusabab:
1. Alur carita jadi dieuweuhkeun
2. Misi hiburan golek jadi sekadar pelengkap sajah, napel dina bodor buta nyaanan tea.
3. Tugas mawa aspirasi mah komo...poho! Persis jiga anggota dewan tea.
4. Kawajiban nyaangan nu poekeun, ngelingkeun nu pohoeun jeung ngadidik ahlak bangsa (aturan hidup luhur amalkan kemanusiaan) diciwai.
5. Harkat dan martabat Kang Cepot sebagai duta besar Pa-Sunda-an dileyek, dilecehkeun diinjak-injak oleh para buta nya anan, sirah dikekesek, nulian nakolan, awak diuyek-uyek, komo nu narekean mah, cing sopan kituh, ulah nyiar-nyiar kami ambek.
6. Masalah pribadi ki dalang diwawar-wawar, rek boga bujal tilu atanapi opat, eta mah hak. Rahasia Ilahi. Teu meunang diubrah-abreh.
Jadi anda sebagai duta besar Pasundaan teh saenyana mah telah diperlakukan sebagai awewe ti Kebon Tangkil padu dibere cicis terus weh daek buligir oge. Saya protes..!
hate saya teu bisa narima! Ulah kulantaran alesan komersil budaya urang dirancukeun. Naha jabatan duta besar Pasundaan teh kudu digantikeun ku Babah Ho Liang? Beuki weh amburadul meureun nya?
Kukituna Kang Asep jisim abdi bade wiat saur:
1. Kanggo dirut TPI
2. Kanggo Kang Cepot bin Asep S.S.
"Pa Dirut enya ge hidep teh pebisnis, namung ulah dugi ka ngacak-ngacak budaya kami atuh, kumaha upami dibantuan mang milariankeun sponsor atawa kami nu mroduksi. Supados acara wayang golek dikembalikan sebagaimana kudunya!"
Kanggo Kang Cepot, "Hiji. Enya ge kuring teh teu boga ari Sapta Pangrungu mah komo deui Brajamusti, tapi ari kakara jaran guyang jeung lembu sekilan wae mah napel keneh. Bejakeun ka para buta hirup ulah kamalinaan teuing kituh. Na eta buta-buta hirup jiga si Oneng teu sieun diputer guling ku kuring? Si Deri hayang dilelepkeun deui ka jero leuwi? Jigana nu model si Eman mah hayang ngasaan nyikikik sorangan. Atuh bodor-bodor teh sugan hayang ngasaan gararempor meureun? Kumaha para nayaga? Pek mun teu panuju rek dikeleketek ti kajauhan ku kuring.
Dua, Kang Cepot bejakeun ka nu ngageuingkeun lan ngugetkeun ilaing, kalau memang dia jantan dan bisa serta berani menerima protes atawa saran, sebarluaskeun ini surat kasakabehna, mun wani mah terbitkeun di Galamedia ambeh kauninga ku masarakat Sunda, terus dikomentari kituh. Kalau dia tidak wanieun, dewek rek ngumpulkeun saratus rebu tanda tangan enol na kurang opat keur neruskeun ieu protes. Kuring rek ka Kang Dani, ka Kang Dada, ka Kang Obar, ka Kang Yadi, terus ka infotainmen. Oke..! Tanggapin kituh, biar tidak jadi demo besar-besaran sa RT.
Kang Asep, hapunten upami jisim abdi teh rada tegel, ngaborolkeun ieu kakeuheul. Sareng eta, ayeuna teh pan keur usum band rock tur muluh kota. Kumaha upami urang oge ngayakeun saperti itu? Judulna "Cepot Mantep Tur 26 Kota Jabar-Jateng", mimiti ti Karawang, Purwakarta, Subang, Cianjur, Sukabumi, Bogor, Garut, Tasik, Banjar, Gasibu, Monas, sareng sajabi ti eta. Plus aya sababaraha nu disiarkeun langsung. Tah..dari dua puluh genep show tadi tea, pan bisa dijadikeun 52 episode a tilu jam di TV bukan?
Maksadna supados masarakat urang teh tiasa ngaraoskeun deui hiburan sehat nu murah, lan sakalian urang teh ngajegkeun deui budaya nu beuki kadieu teh geuning beuki ipis wae.
Ari sponsorna mah urang ngamimitian ti para patih Pa-Sunda-an wae, teras ka pabrik udud, tukang jajamu, jeung stasiun TV.
Bagaimana nih, bisa dikemon begitu? Ganti!
Nuhun Kang Asep, sorry...tuyung tong direodkeun deui budaya nu keur jumeneng kieu.

Beben
Taman Kopo Indah A6 No. 10, telp. 70821806

Brings words and photos together (easily) with
PhotoMail - it's free and works with Yahoo! Mail.
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.