Rek diteruskan, ah. Mumpung isuk keneh, bos can datang.

Hiji mangsa kuring naek taksi ti kemang ka Gambir. Teu kabeneran meunang 
supir taxi na teh meni arogan. Bawanateh hoyong neke bae, tapi teu wani 
sabab awakna gede luhur.

Kieu caritana matak kuring nyebut supir eta arogan;

Awalna supir eta someah. Ngajak ngobrol ka kuring. Antukna mah geus wae 
kuring jeung manehna ngobrol kaditu kadieu sampae ahirna supir nanya ka 
kuring, "Asal nya dari mana, mas?"

"Cirebon."

"Oh. Di cirebon kan ada sumur keramat yah? Sumur leuweung gajah."

"oh, iyah, mas. Kok tahu."

"Saya pernah ke sana. Pengen tau ajah. Kamu tau gak kenapa sumur itu 
bisa keramat? Karena di dasar sumur itu ada Pusaka wesi kuning. Tidak 
sembarang orang bisa tau keberadaan pusaka itu apalagi bisa 
mengambilnya. Saya sebagai yg masih punya darah keluarga Majapahit 
sebenarnya bisa mengambil pusaka itu. Kalau mau. Tapi saya tidak lakukan 
itu."

"kenapa?" Ceuk urang tetep tenang sanjan keheul ku aroganisi manehna.

"Karena kalau diambil akan terjadi bencana kekeringan di seputar wilayah 
itu."

"oh."

"Ahhhh.... Ngantuk mas. TOlong bangunin yg pak kalau sudah nyampe. Capek 
banget nih." Ceuk urang ka supir. Padahalmah alesan wungkul lantaran 
wegah ngobrol jeung manehna nu arogan.

>
>
> */durahman <[EMAIL PROTECTED]>/* wrote:
>
>     Hoyong cerita, ah. Ngeunaan sumur keramat di wewengkon kuring;
>
>     Tepatna di desa leuweung gajah, kec. Ciledug (?), Kab. Cirebon.
>     Aya hiji
>     sumur nu dikaramatkeun ku masyarakat sabundeureun wilayah eta.
>     Duka nu
>     pastinamah ti endi bae jama nu sok daratang kadinya, teh. Nu pastimah
>     pernah sakali dua kali basa urang ngaliwat kadinya nyeuleu mobil bus
>     gede nomor seri D, jeung nomor seri sejena parkir di area sumur
>     karamat
>     eta. Rek ka endi deui penumpang mobil etateh mun henteu rek ka sumur
>     leuweung gajah.
>
>     Pang-pangna sumur eta loba di daratangan jelma ti endi-endi lantaran,
>     cenah, sumur eta teh mawa hasiat jang jama nu mandi make cai sumur
>     eta.
>     Hasiatnatehmun budak geus kuduna bisa leumpang can leumpang keneh bae
>     jadi tereh lempang (meureun aya hasiat sejena;  mun hese jodo jadi
>     enteng jodo,  rejeki seret jadi lancar jrrd. Meureun ieumah. Da nu
>     kuring terang pastimah hasiat nu nomor hiji tea. Soalna basa keur
>     leutik
>     pernah kadinya, milu jeung Emih ngamandian si toto, pun adi)
>
>     Mun rek mandi di sumur eta teu bisa sambarang waktu. Waktuna kudu poe
>     jumat kliwon, ti beurang. Mimiti jam 7-an sampe jam 11-an. Mandina
>     kudu
>     babaseuhan (pakean ulah udaran). Beres mandi salin, terus baju nu
>     jang
>     mandi babaseuhan tadi kudu ditinggalkeun didinya.
>
>     Tos sakitu bae caritana. Mangga.
>


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke