|
Kang
gugah
ieuh, Kang
ngimpi wae
atuh
heheh.
Kang Soni, InsyaAlloh abdi wantun naratas jalan ka arah anu saleresna. Tapi ma enya abdi we sosoranganan, atuhhh percum tak bergun saur ABG tea mah. Aa Gym sok nyontoan tina sabeungkeut sapu, pami mung hiji nyere nu dianggo moal tiasa dianggo sasapu, tapi pami sabeungkeut InsyaAlloh bersih lenang Hiji conto deui : sok ningali artis nu kenging penghargaan? Di panggung the sok disebatan hiji-hiji,Terimakasih pada Allah SWT yang telah menjadikan saya seperti ini, terimaksih dukungan Mama, Papa, Teteh, Aa, Nenek, Kakek (kabeh we sa RT disebutan ) tak ketinggalan fans saya, tanpa kalian saya bukan apa-apa, I love U All !!! (Bari metakeun sun jauh tea ) Punten, abdi mah sanes ahli Tatanagara atanapi
naon we nu aya patula patali kana aturan nagara, ieu mah mamanawian pamendak
abdi anu bodo. Ngabeberes masalah bureaucrazy (baca : birokrasi heheh..)
sanes di hiji pihak wae, kedah duanana, nya masyarakatna nya petugasna.
Pangpangnamah unggal jalmi dina ngajalankeun sagala kalakuan komo dina padamelan kedah sareng hate nurani tong mikiran we diri sorangan. Pokonamah dina uteukna the mung aya kumaha carana diri sorangan the sangkan sukses, sangkan beunghar, sangkan bahagia jrrd, bari tara mikiran batur Asa rada aneh oge ningali Bangsa Indonesia nu
saurna agamis, tapi jiga nu teu garaduh agama? Acara2 kaagamaan diaya-ayakeun
tapi angger kajahatan2 lancar. Teu sieun-sieun acan ku Alloh/Tuhan, ah bae
ayeuna-ayeuna
engke-engke
kumaha engke weee
Seueur jalmi nu teu ngaku korupsi,
dimana aya bangsat ngaku, Kang Yuliadi?heheh.
Seleksi penerimaan CPNS/TNI/Polri kedah leres2 bersih tina kolusi & nepotisme. Pami tadina lebet damel ku artos, sababaraha puluh yuta nya atuh kedah balik modal, pan? Timana deui pami sanes tina korupsi atanapi pungli? Syukur2 pami gajihna diageungan contona : Pulisi nu jaga di jalan kahujanan kapanasan sok hanaang kedah aya cai eueut panginten, tah supados teu pungli kanggo meser the botol, gajihna diageungan. Rahayat Indonesia nu ogoan, mbung lumaku tah
ayeunamah giatkeun, incahkeun nu namina hoream, sagala ge aya prosesna teu
sakedet netra siga sihir wae. Wayahna kedah kersa ripuh, riweuh, ribet jrrd. Ma
enya teu isin ku Kang Denis urang Canada
.
Naha di nagara batur bisa beres, di nagara urang henteu?! Nambut papatah Aa Gym, Mimitian ti diri urang sorangan, mimitian tinu leutik, mimitian ti ayeuna. InsyaAlloh impian urang jadi nyaan . ro2
nunyanyahoanan
>>> [EMAIL PROTECTED] 03/28/06 05:23PM >>> janten kumaha kinten2 na memeresna atuh nya? sonirosa Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id YAHOO! GROUPS LINKS
|
- Re: [Urang Sunda] Time Is Money . Naha Enya ? Maria Astati
- Re: [Urang Sunda] Time Is Money . Naha Enya ? Roro Rohmah
- RE: [Urang Sunda] Time Is Money . Naha Enya ? Yuliadi
- RE: [Urang Sunda] Time Is Money . Naha Enya ? tarawadul tarawadul
- Re: [Urang Sunda] Time Is Money . Naha Enya ? Dudi Herlianto

