Nepangkeun abdi nembe janten member di ieu milis, upami ningali nami 
abdi sapertos Jawa , margi nami ieu kenging ti pihak suami.  Bungah 
pisan tiasa mendak milis sunda sapertos kieu, margi di dieu (Texas) 
da pami nyarios sareng rerencangan ti Sunda oge mani asa sapertos 
dulur.

Ngaos berita atanapi carios pernikahan di Indonesia, naha mani seeur 
perkawis rumahtangga anu awet rajet, anu disebabkeun ku pihak 
ketiga, utamana isteri  (gadis anom), anu kersa bae nikah siri 
sareng pameget anu tos gaduh kulawargi. alesannana pasti dasarna 
cinta, tapi tetep bae geuning saatos nikah siri teh gaduh tuntutan 
sanes-sanes saperti saleresna isteri pertama. Padahal mah nikah siri 
teh teu keudah rundingan sareng isteri pertama, da prung bae 
nararikah , mani gampil, sareng anehna kulawargi ti pihak gadis 
malih kadang nyatujuan pisan, ngabantos supaya nikah siri teh tiasa 
terlaksana.  Dalihna daripada berzinah. 

Kumaha atuh-nya eta nurani para kulawargi anu menikahkan siri teh, 
naha teu ngemut ka duka derita isteri pameget eta sareng putra-
putrana ?  Sanes ku masalah harta semata pan ari ngalalana di dunya 
teh, apan kebahagian rumahtangga abadi teh cita-cita para isteri 
waktos ijab kabul kapungkur teh ...?







Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke