Teh, Walanda baheula waktu ngajajah urang pinter pisan. Maranehna teu 
ngarobah sistem, tapi sistem anu aya ku maranehna diadopsi. Waktu 
Priangan "dipasihkeun" ka Walanda ku Mataram, para pangawasa di 
Priangan teu dipecatan ku Walanda, asal ulah barontak we. Jadi ngan 
saukur robah dunungan, tadina "ngawula" ka Mataram ayeuna ka Walanda.

Jadi menak teh memang turunan ti pangawasa baheula. Pangkatna diturun-
tumurunkeun. Tapi walanda ge henteu kitu wae dina ngangkat pagawena, 
lamun turunan menak ieu "nu teu kapake" mah, nya cekap ngan saukur 
gaduh gelar "Raden" wungkul. Tapi upama menak kaanggo ku Walanda 
pangkatna naek, gelarna oge tambah, Aria, Adipati sareng Pangeran. 
Bupati Bandung nu dianggap boga jasa dina ngawangun Bandung gaduh 
gelar "Raden Aria Adipati" Martanagara. Gelar Aria sareng Adipati, 
saleresna gelar pangkat, dibisluitan (nganggo SK) ti pamarentah 
Walanda.

Walanda oge ngahormat kana kakahotan hiji daerah. Sumedang nu 
baheulana karajaan, tetep dianggap kabupaten "kolot". Gelar bupati 
Sumedang, langkung luhur, gelarna "Pangeran" (sami ieu oge 
dibisluitan). 

Tah eta salah sahiji nu matak Walanda bisa ngajajah 350 taun teh......


Baktos,
WALUYA  



--- In [email protected], "Roro Rohmah" <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:
>
> Bade tumaros kasaha wae nu tiasa ngawaler, pami sebatan "menak" ka 
hiji tuturunan sanes pedah turunan Raja tapi pamasihan pamarentah 
Walanda. Contona aya jalmi nu kantos janten mandor perkebunan 
Walanda, dipasihan kahormatan ditambihan sebatan di payuneun namina 
janten : Raden Kasep Mandraguna Aria Demang Tarasi*heheh.
> 
> Kaci teu disebat turunan menak?
> 
> ros






Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke