|
tipayun sim kuring nganuhunkeun laksa keti
kabingahan ka pangersa baraya KUSnet nu tos kersa sumping ka acara mesek buku
kang Miki, Semangat Baru: Kolonialisme, Budaya Cetak dan Kesastraaan Sunda abad
ke-19. diantawisna Uwa Sasmita -nu seratana perkawis naskah Sunda koleksi Snock
dinten ieu dimuat di Kompas Jabar- nu parantos kersa sumping. oge kang Soni
Jeknyeh, teu kalangkung teh Puppi -nu nuju bureyeung- ti
Jatinangor.
nu matak helok, aya hiji ibu tos rada sepuh,
sihoreng Kartawinata nu fotona aya dina jilid buku eta teh uyutna pisan.
beu..
oge aya salah saurang turunan Moh. Moesa -cenah
Moh. Moesa teh rama akina. tos rada sepuh oge.
rempeg kadang wargi nu sumping, nungtutan. ti
upi,unpad, disbudpar, perpus daerah jabar, koran, sababarah dosen upi
unpad, jrrd.
prof. edi s ekadjati teu janten sumping nuju teu
damang. aya bah Nano S, nu bumina kantos kacicingan Miki taun
80-an.
Acara teh sabenerna mah diformat dua bahasa, bahasa
indonesia jeung tangtuna basa sunda. ngan pa rektor nu nyarios dina sambutanana
ku basa indonesia. saterasna mah, kang miki ku basa sunda. atuh prof.
iskandarwassid ti upi oge janten ku basa sunda, padahal makalahna diketik ku
basa indonesia. ditarjamahkeung langsung ku anjeuna dina podium. kang teddy mah
makalahna dina basa sunda.
sugema acara langcar. hatur nuhun ka kadang wargi
nu tos ngadukung ieu acara, utamina teh Ika nu parantos mantuan waragad. tiasa
nyuguhan ka nu sumping ku kueh dus sareng aqua.
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
YAHOO! GROUPS LINKS
|
- [Urang Sunda] ti mesek buku semangat baru mj

