Click a photo to view a larger version on Yahoo! Photos. See links above for more options.
Baraya,
Ping 28-29 Maret 2006, kuring Kuningan kenging pancen ti kantor. Waktos pendak sareng Bupatina, Aang Suganda, ngobrol rupi-rupi, diantawisna perkawis rencana ngawujudkeun Kebon Raya Kuningan. Saleresna kuring parantos ngadangu rencana ieu ti Kang Oman taun kamari, mung teu terang tos dugi kamana tahapan kagiatanna. Gening parantos aya rintisan nu matak reueus. Master Plan parantos didamel ku LIPI sareng Kebon Raya Bogor, akses jalan tos dijanjikeun ku Dep. PU, bibit ti Dep Kehutanan.
Rencana legana 171 hektar di sisi Taman Nasional Gunung Ciremai. Aya keneh tanah milik masyarakat nu kedah dibebaskeun. Bupati ngingetkeun yen waragad Kebon Raya teh mun bisa mah yeu nyoceng APBD Kuningan, maklum PAD mung 32 milyar, ari urusan seueur pisan, APBD 300 milyar seueurna ti bantuan Pusat jeung sawareh Provinsi. Ku kituna kakirangan waragad rek meredih ka Pusat jeung provinsi, saurna.
Mung sakaterang kuring ti Pemprov asa can terang kana rencana eta, duka kuring pedah beda bidang. Jalaran waktos diskusi di Bapeda, ping 5 April, ti Dinas Kehutanan Jabar naroskeun, naha bet ngadamel Kebon Raya? Matak riweuh, kudu kitu kudu kieu, kuring olohok, naha babaturan ti Dishut teu acan terang yen rencana teh parantos ngawitan ditaratas?
Kuring mah reueus pisan ka Kabupaten Kuningan nu ageung pisan perhatosan kana masalah konservasi alam jeung lingkungan.
Waktos ping 29 Maret, ningal ka rencana lokasi Kebon Raya, jalan masih heureut, eta bade dilegaan tea ku Dep PU. mung cekap samobileun, nanjak, lebet ka leuweung jeung kebon campuran nu seueur dipelakan tangkal emping, eh tangkil. Sugan teh moal mendak jalmi, eh gening seueur rumaja nuju paduduaan di luhur teh, hehehe..... Oge mendak lembur caket lokasi, gening aya keneh urang Kuningan di sisi gunung.
Ieu mah sakadar oleh-oleh. Mangga nyanggakeun foto situ Darma, suku Ciremai, sareng gunung-gunung peuntaseun Ciremai.
 
Baktos,
ika


The larger versions of these photos will be available until July 09, 2006 (90 days)
Share your pictures with PhotoMail from Yahoo! Mail. Learn More Go to Yahoo! Photos


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke