[EMAIL PROTECTED] wrote:
Kamari, teu ngahaja mendakan hiji catetan sajarah ngeunaan karajaan Tarumanegara. Sapaliwat ku Abdi diilo. Eusina aya nu matak panasaran kana hate. Ceunah, dina eta catetan disebatkeun yen waktos Purnawarman janten raja, karajaan Tarumanegara ngagaduhan karajaan-karajaan 'bawahan' nu kaetang seueurna diantawisna we aya karajaan Indraprasta sareng Alengka. Tah anu janten kapanasaran teh, naha eta karajaan Indraprasta sareng Alengka aya kaitannana sareng karajaan-karajaan nu aya dina carita Mahabharata sareng Ramayana....??!!
Numutkeun carita Mahabharata sareng Ramayana (kaleresan Abdi gaduh bukuna hehehe...), karajaan Indraprasta teh hiji karajaan nu aya di tatar (nagara) India (ayeuna), nu asal muasalna mangrupakeun leuweung geledan Amarta, nu dihadiahkeun ka para putra Pandu (Pandawa Lima tea) ti Prabu Destrarata (lanceukna Pandu) raja Hastinapura. Teras, karajaan Alengka oge hiji karajaan nu aya di tatar (nagara) India (ayeuna), wewengkonna luas, karajaanna
beunghar, nanging hanjakal rajana nu katelah Prabu Rahwana hiji raja nu dholim. Manehna hiji mangsa kungsi ngiwat Dewi Shinta, istrina Sri Rama tea.
Cingan aya nu kersa masihan bongbolongan teu, naon hubungannana karajaan Indraprasta sareng Alengka nu janten karajaan 'bawahan' Tarumanegara, sareng karajaan Indraprasta katut karajaan Alengka nu aya dina carita Mahabharata oge Ramayana...??!!
Baktos,
Ono Taryono
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Talk is cheap. Use Yahoo! Messenger to make PC-to-Phone calls. Great rates starting at 1¢/min.
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Corporate culture | Business culture of china | Organizational culture |
| Organizational culture change | Organizational culture assessment | Jewish culture |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

