heu heu heu...
nya meureun solusina mah lain urang make bangsa deungeun (ceuk aturan ieu milis)... tapi tanyakeun naon nu teu ngartina. sok lah coba geura, pasti dijarawab! urang sunda tea, pikiraneun.
 
kuring 8 taun hirup di bogor asana teu pati geseh bedana sunda bogor jeung priangan. aya beda saeutik mah nya maklum we da heueuh .... beda. tapi saeutik. ayeuna kuring ge keur rada remen ngaprakan bogor, bareng jeung orba asana can aca panghalang pikeun make basa sunda, kuring ngarti orba ngarti.
 
sakitu, hampura ah
 
deha
OBP (orang bogor palsu!) :D

 
On 4/12/06, Irvan Faizal <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Siip atuh Kang Amin.

Leres pisan jeung satuju sareng Kang Amin. Keun we atuh nya rek make
bahasa Indonesia oge nya? nu penting mah isina. kitu meureun.

Hapunten para saderek, saleresna abdi ge bener2 cinta ka sunda teh,
oge resep ka ieu milis teh. nang kadang nu ditulis di milist ieu teh
kadang bahasana teu dimengertos, maklum sundana teh sunda Bogor nu
rada kasar, teu ngertos bahasa sunda nu rada halus.

Mungkin seueur nu kos sing abdi teh, urang sunda tapi teu ngertos
bahasa sunda luhur (maksudna bahasa sunda priangan atanapi ciamis).
Karena itu (naon nya bahasa sundana), teu nanaon atuh lamun aya
saderek nu rek nulis di ieu milist teh nganggo bahasa indonesia
atanapi bahasa sundana lain sunda halus ... (da aing mah lain mahluk
halus nya...) punten ah bilih jadi teu sopan.

salam,
irvan (orba=orang asli bogor)





--
~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~
deha.wordpress.com
borondongjagong.blogspot.com


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke