para saderek, Nuhun pisan kasadayana tos di'dukung' (meureun?) atawa dicarekan (?) he..he... Geuning anggota milis ieu teh balalageur.
Terus terang para saderek, abdi teh rada sieun (jelasna mah era) make bahasa sunda di milist ieu, nya eta sunda abdi teh kasar. Cenah mah didieu teh seueur nu sepuh, nu para tokoh, jeu nu hararebat, etc. Jadi sok rada era lamun rek nga-reply email di milist ieu teh nang ukur nanyakeun naon hartina 'kata' ieu teh. Kitu alasan abdi teh para saderek ... Tapi di-reply pak(?) jk ieu (dihandap), abdi ge ngarasa pisan daripada hese jeung loba salah, geus we make bahasa indonesia. Jadi abdi ge rada loba ninggalkeun kana basa sunda teh ... punten we lah ... Kanggo Kang Dudi, ari ngobrol mah tangtu make bahasa sunda (sanajan) jeung urang priangan atawa kuningan. Da biasana ari ngobrol mah tos terang rerencangan teh nu kumaha sarta rerencangan teh tos terang ka abdi teh yen sundana teh sunda badag. Jadi meureun rada nga-maklum. Tapi sok rada gondok oge sih, lamun papanggih jeung urang bandung nu ngaku urang sunda, pas diajakan ngomong basa sunda eh ...terus we ngajak ngobrol na maka bahasa indonesia. Padahal abdi teh terang pisan yen manehna teh urang bandung asli, soalna ari ngobrol jeung istrina mah make basa sunda. Jadi sok rada rugi ngobrol teh lamun teu dijawab ku basa sunda deui, jadi we ... basa indon deui basa indon deui ... padahal geus sono ngobrol make basa sunda teh ... (maklum keur ngumbara) salam, irvan > > Kasalahan kalolobaan urang teh sigana mah model kieu, yen daripada hese & > loba salahna mun make basa Sunda, nya mending ditinggalkeun, make we basa > Indonesia, pasti kabeh ngarti. Hal ieu, mun dibandingkeun jeung basa > Inggris, sigana mah alatan basa Sunda geus teu dianggap penting. Coba we mun > urang loba salahna dina make basa Inggris, pasti hayang diajar deui sangkan > bener, sangkan leuwih lancar & hade. Hanjakal, sikep kitu teh teu nerap dina > basa Sunda mah, da geuning lolobana milih ninggalkeun... > > Di ieu milis, teu kasebutkeun kudu make basa Sunda nu lemes, atawa kudu make > basa Sunda Priangan, atawa kudu make basa Sunda Kuningan. Pek bae, pokona > mah basa Sunda. Kuring bae tadi nepi ka 'dedewekan', da caritana mah ambek. > Heuheu... Mun aya nu ngageunggeureuhkeun teh, kuring bisa tarima. > > jk > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

