From: "mh" <[EMAIL PROTECTED]>
To: "barayasunda" <[email protected]>; "urangsunda" 
<[email protected]>; "kisunda" <[email protected]>
Subject: [Urang Sunda] Playboy deui wae


> Baraya,
> Ieu aya artikel ti milis sabeulah, pamanggih Ketua PWI
> ngeunaan majalah Playboy. Sugan aya manfaatna.
>
> MH

Kang MH, beda deui ceuk pupuhu AJI (Asosiasi Jurnalis Indonesia), nu hanjelu 
ku cara-cara anarkismeu dina teu kasatujuan kana Playboy Indonesia. Tapi 
sanajan kitu pupuhu AJI nyebutkeun yen soal Playboy soal urusan nu 
ngamedalkeun Playboy jeung masyarakat. Maksudna meureun masyarakat nu 
mutuskeun resep henteu kana Playboy. ( Tapi faktana aya sabagian nu 
resepeun, buktina 100,000 eksemplar ampir seep........., matak sirik media 
nu sanesna).

Sarua kuring oge "kuciwa". Tapi kakuciwaan kuring lain soal Playboy, soal 
bangsa urang beuki dieu teh beuki anarkis. Di Papua, pulisi "dipekprek" ku 
batu  kunu demo tepi ka perlayana. di Bandung, taksi nu pelayanan alus 
"dielehkeun" ku taksi nu heubeul nu geus kakoncara ramijudna dina ngalayanan 
konsumen, kulantaran demo nu ngadeukeutan anarkis, taksi nu dianggap musuhna 
dirusak sababarha hiji. Ayeuna Playboy, nu pamarentah jeung pulisi sorangan, 
bingung kudu kumaha, sabab Playboy Indonesia teu ngalanggar hukum di 
Indonesia. Anarkis deui wae. Peuting tadi stasiun TV RCTI, oge "ngagugat" 
pamarentah, ku nayangkeun pasal pasal KUHP (pasal 171 & pasal 172) yeng 
ngarusak barang batur teh bisa dipidana maksimal 5 tepi ka 7 taun. Anehna 
pamarentah (pulisi & kajaksaaan) cicing wae. Ceuk RCTI, ironi cenah, nu 
"sweeping" majalah nu dianggap porno (ceuk pikiran nu sweeping) dikawal ku 
pulisi, dina sweeping majalah di emper-emper toko. Padahal majalah-majalah 
eta (kaasup Playboy) acan kungsi divonis ku Pangadilan yen eta teh media 
"porno". Janten Kang, aya dimana "hukum" di nagara urang?

Baktos,
WALUYA




Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke