Undak usuk diancurkeun heula? Supaya teu aya hierarki "berbahasa", hehehe.....asa tos lami nya urang ngabahas perkara undak usuk basa. Prak-prakan ayeuna ngagunakeun basa Sunda lain ku lantaran hierarki sosial, make lemes atawa kasar teh, asa genah wae rek nu umurna atawa stastus sosial sahandapeun make lemes, lantaran bagian tina sopan santun. Lamun basa Sunda cenah rada hese digunakeun keur sain atawa teknologi, tong boro basa Sunda, basa Indonesia oge sami nyanghareupan hal sarupa.
Jadi keur kuring mah basa lemes (naha eta teh lebet undak usuk) asa merenah digunakeun ka saha bae oge, da bagian ti sopan santun kahirupan sosial.
Miara basa Sunda, sabenerna mah mun urang geus maca buku Mikihiro, jigana pamarentah urang (Jawa Barat) kudu jiga pemarentah Walanda, nu ngadukung, ngabiayaan jeung ngadistribusikeun buku-buku nu ngagunakeun basa Sunda.
 
 
ika

amin mudzakkir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Maksad 'transformasi' nyaeta nyangkut kana kasadaran kritis, yen bahasa mangrupikeun produk budaya nu terus-terusan direproduksi dina konteks ruang sareung waktos tertentu. Ieu memang katingalna terlalu teoritis, tapi paling heunteu ti sisi ieu urang tiasa miara tur ngembangkeun basa sunda. Abdi tangtos salut ka para wargi nu tos damel ti kapungkur kanggo miara tur ngembangkeun basa sunda. Abdi berharap dina sanes waktos tiasa diajar ti aranjeuna.

Nu kapendak ku abdi, aya semacam 'involusi' basa sunda. Contona, undak-usuk basa malah janteun panghalang urang sunda pami bade ngabudalkeun pikiran sareung ekspresi diri. Padahal undak-usuk mung sakadar 'mekanisme kekuasaan' kanggo ngajaga hierarki sosial sareung kultural dina masyarakat sunda. Tah, dina konteks ieu, 'transformasi' tiasa ditarjamahkeun sebagai proyek kultural kanggo nyadarkeun urang sunda yen undak-usuk basa sanes hal nu teu tiasa dirobah. Pami urang sunda gaduh pandangan yen undak-usuk basa malah jadi panghalang perkembangan basa sunda, asa teu aya lepatna pami undak-usuk eta diancurkeun heula. Atawa pami dina basa kaum post-modernis mah, di-dekonstruksi heula. Kumaha tah pami kitu?

Saleuresna, 'transformasi' basa sunda tiasa ditarjamahkeun secara luas, tergantung dina konteks naon urang mahamina.
Kitu heula. Nuhun.  

How low will we go? Check out Yahoo! Messenger’s low PC-to-Phone call rates.

__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com


Komunitas Urang Sunda -->
http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke