************************************************
(hihihihi... hehehheh...... walahhhh Mang!!! bener sigana mah kitu. Da pas ditempoan deui dina susu...ratan basa sunda teh, geuning nu ngarana "pun" teh, ditempatkeunna teu sajajar. Tapi hartina mah satubuh pisan!! eh!! satuju pisan samodel harti nu nomer hiji tea.... jadi sigana kieu nu benerna mah :.... )

Haturan..


Hatur timpah nuhun kanggo pangemutna, k
atampi kuhasta kalih kasuhunna kalingga murda.

pun...

-Adi-
************************************************

On 4/15/06, mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Baraya,
Aya sababaraha harti kecap "pun" teh.

1. hampura
Jiga dina pangrajah juru pantun, "Pun sapun ka Sang
Rumuhun". Hartina menta pangampura ka para karuhun.

2. kecap gaganti nu bogana
Jiga dina prasa "pun adi", "pun biang". Lebah dieu
"pun" hartina "nu kuring". "Pun Adi", hartina "Adi
kuring", "pun biang" maksudna "indung kuring. Upama
dina basa urang kulon mah sarua jeung "my", "my
brother", "my mother".

Aya pasangan "pun" teh, nyaeta "tuang". Hartina "nu
anjeung". Jiga "tuang rai", hartina lain "ngadahar adi
sorangan", tapi "adi anjeun" atawa sok dihartikeun oge
"pamajikan anjeun". "Tuang rama", maksudna "baba
anjeun". Mun ceuk urang kulon mah, sarua jeung "your",
"your brother", "your mother'.

Asana ti heula geus didongengkeun ka Si Adi perkara
ieu teh. Ngan si etana we bedegong, hayoh ngarang
sorangan. Hehehe.

MH

---xxx

--
*******************************************
"...purbastiti purbajati, suka kreta tang lor kidul kulon wétan kena kretarasa..."
-----------------------------------------------------
http://groups.yahoo.com/group/POESAKA_SOENDA/
http://www.urang-sunda.or.id/
http://www.sundanet.com/
http://su.wikipedia.org/
http://pituin.multiply.com/
*******************************************


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke