Hatur nuhun kanggo kintunan seratanna utamina "Darul Islam Selayang Pandang", namung aya sakedik lereskeuneun dina eta seratan anu nyebatkeun :"Di Jawa Tengah Kartosuwirijo mendapat dukungan Amir Patah..
Tah dina eta kalimah, henteu leres, anu leres ; Amir Patah henteu kantos ngadukung Kartosuwirijo.
Namung aya hiji batalion ti Laskar Hizbullah/Sabilillah Amir Patah anu ngabelot ngagabung ka Kartosuwirijo.
Amir Patah waktos harita panglima Hizbullah Sabilillah Jateng-Jatim, kantos barontak ka pamarentah RI, kualatan nolak eusi "Perjanjian Renville".
Amin Patah kantos didongkapan daidancho Kamran salaku utusan Kartosuwiriyo, anu ngajak 
ngahiji/ngagabung sareng gerakan DI/TII Kartosuwirijo. Namung eta tawisan ku Amir Patah langsung ditolak.
Saparantos kajantenan eta Kartosuwirijo, sababaraha kali ngintun utusan kalayan ngibibitaan pangkat Panglima
Laskar Hizbullah/Sabilillah NII, namung dugika Amir Patah nyerahkeun diri ka TNI eta tawisan ditolak.
Punten eta seratan diluhur kakuping ku sim abdi pribados ti jinisna nyaeta Bp. Amir Patah (almarhum), waktos nyarioskeun eta kajantenan dipayuneun Letjen Sarwo Edhie Wibowo (almarhum), sareng staf KBRI.
Sajabina ti eta oge sim abdi nguping sababaraha rusiah ti bp. Amir Patah, namung punten teu tiasa dipostingkeun bilih ngajantenkeun hiji kagujrudan.
 
Pihatur
ssw

MRachmat Rawyani [EMAIL PROTECTED]
Wilujeng tepang deui ka para wargi BAKUS (Babakan
Kusnet). Mani sono pisan kana “padungdengan“ di BAKUS.
Tapi kumargi seueur padamelan anu kedah „kejar tayang“
tea, salami ieu mung tiasa „noongan“ wae.
>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>diteukteuk<<<<<<<<<<<<<<<<<<<<<<<<
Sareng sateresna ..........
Baktos,
mrachmatrawyani




Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda
Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke