Ahhh.. saleresna mah teu seueur anu dipakaterang ku sim abdi, perkawis DI/Kartosuwirijo, paling-paling oge mung ukur ; Sekarmadji Maridjan Kartosuwirijo, murid/santri tipasanten  Kiai Somadelangu (ngaos tina koran Buana Minggu waktos masih keneh aya), salah sawios guru politikna leres Bp. Abikusno Tjokrosujoso ti Partey Sarikat Islam, anu oge janten guru politikna pak Karno sareng pak Amir Patah (salah sawiosna).
 
Saleresna pa Amir Fatah kantos ngadamel hiji seratan kanggo bahan sajarah, mung hanjakal sim abdi mung kabagean sakedik macana, margi kabujeng dikintunkeun ka Pusat Sajarah Dep. HANKAM (harita taun 80an).
 
Pak Amir Patah, dina jaman perang kamerdekaan ;
Jenderal Mayor (kiwari Mayor Jenderal) Amir Patah anu harita panglima lasykar Hisbullah/Sabilillah.
(peryogi kauninga, waktos jaman perang kamerdekaan, anu namina "Jenderal" diurang nembe aya 4 atanapi 5 anu diantawisna pa Sudirman, Pangeran Djatikusumo, pa Amir Patah, pa Kasman Singadimedjo (upami teu lepat) sareng........ (aduh hilap deui), kantos ngiring dina pertempuran ngalawan tentara sakutu di Surabaya kaping 10 Nopember, sareng perang-perang kamerdekaan di Jateng sareng Jatim sanesna
 
Hubungan sareng pak Sarwo Edhie Wibowo (obrolan langsung dipayuneun staf KBRI sanesna).
Hubungan sareng pak Sarwo E.W., tiasa disebat kacida istimewana, margi waktos pak Amir Patah baruntak ka RI., daidancho (Kapten) Sarwo Edhie Wibowo pang seringna adu hareupan sareng pa Amir Patah, upami teu lepat kantos tilu kali perang, adu hareupan.
Di Tegal (kali Malang/Pemalang..??), langkung satengahna wadya balad pa Sarwo E.W. seep.
Di Brebes, waktos Brebes dijagi ku batalian Sarwo E.W., pa Amir P., tiasa ngarebut kota Brebes.
Salajengna di kampung .....(?) pa Sarwo E.W. saparantos kenging informasi yen pa Amir P. ba'da ashar lebet
ka eta kampung, kalawan katinggal lebet ka bumi lurah di eta kampung, ba'da magrib pa Sarwo E.W. sareng pasukanana parantos ngepung eta bumi lurah, anu salajengna lebet ngagaladah, eta bumi, namung lapur pa Amir teu ka pendak.
Namung waktos duanana ngempel di KBRI Seoul, anu hiji janten Dubes anu hiji deui janten lokal staff, pa Amir Patah ku pa Sarwo EW. malihan dijantenkeun panasehat diplomatikna.
 
Di Jateng sareng Jatim waktos harita, nyebar carios yen pa Amir P., weduk teu mempan ditembak,  pangakuan salah sawios prajurit TRI, anu kantos ngincer pa Amir Patah ku bedil tina anggang mung sabaraha puluh meter, namung teu keuna ku ditembak.
Tiasa ngaleungit (sapertos kanjantenan diluhur), malih saur salah sawios staf KBRI anu kawit ti Jateng/Jatim, waktos harita nembe nguping nami Amir Patah teh tos nyorodcod tuur, dugi ka ngompol-ngompol.
 
Tah hal-hal aheng eta kantos ditaroskeun ka jinisna, waleranana ;
Teu gaduheun elmu weduk, mung bae sigana eta prajurit, geumpeur ku kharismana pa Amir,  janten ngeceng sareng nembak leungeunna ngadegdeg, nya tangtos tembakanana teu keuna kanu diincer.
Teu tiasa ngaleungit (sapertos carios pa Sarwo EW.), anu leres, pa Amir memang sok ulah-alih padumukan, biasana ka desa-desa anu lurahna simpati ka tentara DI., tah dibumi-bumi eta lurah tos didamel hiji torowongan ka bumi sapalihna/payuneunana/pengkereun bumi eta lurah, teras eta liang torowongan sok ditutup ku gentong pabeasan/gentong cai.
Harita oge waktos dikepung ku pasukan pa Sarwo EW., saparantos kakuping sora sapatu tentara pating kelepruk dipipir bumi eta lurah, pa Amir langsung lebet kana eta torowongan, salajengna lalajo pasukan pa Sarwo EW. ngagaladah bumi lurah, tibumi gigireun bumina eta lurah bari diharudum sarung.
 
Tos sakitu bae heula.
 
Pihatur
ssw
punten ngagebay.....

Rachmat Rawyani [EMAIL PROTECTED]
Hatur nuhun Apih Siddik, anu parantos masihan koreksi
kana seratanana Kang Iskandar. Ke ku sim kuring bade
didugikeun ka Kang Iskandar, perkawawis kasaksian Amir
Patah. Rupina para ahli sajarah teu acan uninga, aya
informasi "pangakuan" Amir Fatah ka Pa Sarwo Edhie.

Usul ti abdi mah, saena "pangakuan" ieu diserat
langkung paos, supados janten bahan informasi  para
ahli sajarah dina ngadadarkeun perkawis
DI/Kartosuwirjo. Masih seueur anu 'sarwa poek'
perkawis sajarah kontemporer di Tatar Sunda.

Tilu taun anu kalangkung sim kuring kantos papendak
sareng pa Himawan Sutanto (mantan pangdam Siliwangi?
mantan Dubes di Malaysia, ayeuna janten salah sawios
Direktur CNI), kaleresan anjeunna teh diwisuda lulusan
pasca sarjana widang Sajarah di UI. Tesis anjeunna teh
perkawis kajantenan jaman revolusi di Tatar Sunda.
Saur anjeunna eta tesis bade dibukukeun.
Namung dugi ka ayeuna teu acan mireng wartosna deui.
Waktos harita mah, teu patos narik minat abdi.

Ku ayana penggeuing ti Apih Siddik, sim kuring janten
panasaran kana tesisna pa Himawan Sutanto. Boa-boa,
masih aya pakaitna sareng informasi anu aya di apih
Siddik. Ke abdi bade maluruh ka "pabetekan" program
pasca sarjana widang sajarah di Fakultas Ilmu
Pengetahuan Budaya (FIB) UI.
baktos,
mrachmatrawyani



Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda
Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke