Hatur nuhun Apih Siddik, anu parantos masihan koreksi kana seratanana Kang Iskandar. Ke ku sim kuring bade didugikeun ka Kang Iskandar, perkawawis kasaksian Amir Patah. Rupina para ahli sajarah teu acan uninga, aya informasi "pangakuan" Amir Fatah ka Pa Sarwo Edhie.
Usul ti abdi mah, saena "pangakuan" ieu diserat langkung paos, supados janten bahan informasi para ahli sajarah dina ngadadarkeun perkawis DI/Kartosuwirjo. Masih seueur anu 'sarwa poek' perkawis sajarah kontemporer di Tatar Sunda. Tilu taun anu kalangkung sim kuring kantos papendak sareng pa Himawan Sutanto (mantan pangdam Siliwangi? mantan Dubes di Malaysia, ayeuna janten salah sawios Direktur CNI), kaleresan anjeunna teh diwisuda lulusan pasca sarjana widang Sajarah di UI. Tesis anjeunna teh perkawis kajantenan jaman revolusi di Tatar Sunda. Saur anjeunna eta tesis bade dibukukeun. Namung dugi ka ayeuna teu acan mireng wartosna deui. Waktos harita mah, teu patos narik minat abdi. Ku ayana penggeuing ti Apih Siddik, sim kuring janten panasaran kana tesisna pa Himawan Sutanto. Boa-boa, masih aya pakaitna sareng informasi anu aya di apih Siddik. Ke abdi bade maluruh ka "pabetekan" program pasca sarjana widang sajarah di Fakultas Ilmu Pengetahuan Budaya (FIB) UI. baktos, mrachmatrawyani --- Siddik Wiradireja <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Hatur nuhun kanggo kintunan seratanna utamina "Darul > Islam Selayang Pandang", namung aya sakedik > lereskeuneun dina eta seratan anu nyebatkeun :"Di > Jawa Tengah Kartosuwirijo mendapat dukungan Amir > Patah.. > Tah dina eta kalimah, henteu leres, anu leres ; > Amir Patah henteu kantos ngadukung Kartosuwirijo. > Namung aya hiji batalion ti Laskar > Hizbullah/Sabilillah Amir Patah anu ngabelot > ngagabung ka Kartosuwirijo. > Pihatur > ssw __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

