Dear Akang ti Jasinga,
Punten Akang abdi sanes bade ngawaler pertarosan akang, tapi abdi sering ka JAsiinga da gaduh Bibi sareng dulur sa-brayna anu linggih(Amang almh adi lanceuk sareng Bapa(almh) di Dusun Tarisi, Desa BAgoang anu ayana diantara Jasinga sareng Tenjo (araraneh ngaran lembur di Jawa Kulon mah euy...sakapeung sok matak hayang seuri).
Malih mah dulur sabray-na nganjrek di ditu ayeuna. Susah angkutan ka dinya teh. Sakali kana kareta ti Tenjo dugi ka Jakarta,raos ngangge kareta mah sakeuedeung mung eta meni paentep-entep jiga pindang. Untung teu kacopetan.Kana Beus ti Tangerang ka Jasinga. Pohara jalanna siga tempat mandi kebo. Aduh matak teu betah diuk, kapepende ku alam anu hejo jeung kebon anu matak waas.
Palebah Parung Panjang terus nepi ka Jasinga leuwih hade oge alam-na malah mah aya Perkebunan sagala ah pokoknamah betah jeung matak hayang cicing di lembur.  Ngan eta we jalan beuki ka jero.
Alam di Jasinga matak maruringkak bulu bitis jeung bulu tuur, Geueuman jiga asup ka leuweung geledegan. Sanes bae ku leuweungna da di lemburna ge geus geueuman, anu teu biasa jiga alam Priangan anu someah jeung permai, moal betah. Duka kunaon sababna, emang eta geus tabiat alamna atawa memang hawa alam Jawa Kulon anu memang kitu, atawa sugesti abdi?
Tapi sigana masih keneh seueur plasma nuftah anu can kanyahoan di daerah ieu anu meureun janten mangfaat kanggo urang da seueur hutan lindung anu di talungtik ku mahasiswa boh IPB atanapi mahasiswa sanes.
Duka iraha ka Jasinga deui, tapi sababaraha minggu katukang dulur sabrayna teh nga-SMS teu eureun-eureun sina ulin ka  Jasinga deui. Duka iraha da nuju pakepuk!! 
Ari akang dimana Jasingana? Sok negbak di ci Durian teu?
 
Urang sumedang
Dens
 
kalakay jasinga <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
assalamualikum wr,wb

dihapunten ka sadayana sim kuring ti komunitas sunda "kalakay Jasinga"
nu umurna teh karek saumur jagong kitu, mun basa sim kuring rada kasar
di hapunten kasadayana sabab abdi teh ti sunda beulah kulon......tah
di handap ieu aya uneg-uneg abdi nu hoyong di taroskeun:



Website :
http://jatigede.bravehost.com/

Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke