AJ
oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Rampes,Talatah Kang Gibson teh, mun dibasakeun ku anu saujratna, meureun kieu: "tinimbang ngamasalahkeun atawa ngotektak neangan sabab musabab Pangeran ngaharamkeun ngadahar daging babi (anu geus qot'i atawa teu kudu dipasoalkeu deui) mendingan neangan atawa natanyakeun atawa ngamasalahkeun sabab musabab masih lobana kajadian korupsi di nagara urang jeung cara ngahulagna.Daging babi geus jelas diharamkeun, ieu urusan atawa wilayah Pangeran. Nepi ka iraha oge lamun neangan sabab-musabab ilmiahna moal aya anggeusna kana wilayah otoritas Pangeran mah. Malah bisa jadi, lamun hiji sabab tina katerangan paelmuan dicekel salaku kayakinan, bisa mengparkeun kayakinan urang kana aturan Pangeran. Sabab, paelmuan tea sifatna relatif, gumantung data jeung bukti anyar.Anapon korupsi, jelas-jelas akibat sosialna sakitu gedena. Apan agama teh utamana keur ngatur kahirupan hirup kumbuh masyarakat, sanes? Hayu urang milih-milih skala prioritas dina madungdengkeun hiji hal teh, sangkan teu mubah tanaga jeung pikiran.baktos,manAR
On 4/24/06, Lodaya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:Sampurasun,
Saur saha daging babi diharamkeun....? Haram soteh ceuk anu ngagem
agama Islam jeung nganiatan seja turut kana aturanana.....
Tong boro boro daging babi (anu taya akibatna pikeun anu lian), dalah
korupsi oge (anu bisa mawa mamala ka anu lian) teu diharamkeun, iwal
jalma anu nganggap yen duit hasil korupsi teh haram....! Buktina loba
jalma anu dahar daging babi oge loba anu korupsi, eta hartina ku
inyana teu diharamkeun..... Aya Istilah di kalangan maranehna,
"sanajan korupsi kubatur diharamkeun oge da duitna mah harum......".
Jadi ari "HARAM" teh naon atuh....?
Hikhikhik....... ngaconya? Enya ceuk anu nganggap ngaco mah.....
baktos kuring,
AG./bdg
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/
Talk is cheap. Use Yahoo! Messenger to make PC-to-Phone calls. Great rates starting at 1¢/min.
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

