Kaleresan nongton oge dugi ka hatam, enya we rame !
Ku medalna majalah playboy, mun dina lagu mah judulna teh "Benci tapi rindu"
aya nu ceuceub aya oge nu panasaran hayang nyaho. Ngan dipihak redaksi
majalah playboyna mah judulna teh "Teungteuingeun" keur mah kantorna dirusak
atuh majalahna oge disweeping. Ieu meureun akibatna loba keneh jalma anu
resep keneh ngagunakeun otot tibatan uteuk. Karek apal geuning ngaran
playboy teh lain ngan ukur ngaran majalah wae, tapi aya oge merek kaos kaki,
ceuk pupuhu playboy mun enya alergi kanu ngarana playboy atuh eta kaos kaki
ge kudu di sweeping, malahan sctv ge anu ngayakeun acara ieu,boga acara nu
judulna playboy cap kabel. Sabenerna anu nentang majalah eta lain maksudna
kadinya henteu ngajenerelasi, da pamohalan gara gara melong atawa make kaos
kaki merek playboy libido lalaki langsung naek.

Ceuk pupuhu playboy deui, naon sababna artikel artikelna teu klop jeung
ngaran eta majalah, malahan cenah mun diidinan terbit deui, bisa wae eusina
aya ceramahan sang ustadz, da ceuk pamanggihna lalaki di indonesia loba nu
"brengsek" atuh penggemar majalah eta ge loloba kaasup jalma kitu, tah ku
ayana eusina aya unsur tausiahan, sugan we meureun misina nginsapkeun jalma
anu brengsek teh keuna kana mamarasna. Nya ari kanyataana mah jauh tikitu,
eta mah ngan ukur bahan pembelaan, nu jelas anu geus mareli (loloba anu
panasaran nya campur meureun jeung nu brengsek), ngarasa kabelejog, kawas
kieu we keur lapar ningali plang restoran "dapur sunda" samemeh asup geus
kacipta, sangu beureum ngebul keneh diwadahan boboko leutik, pepes lauk
sigombar ngabagug, sambel tarasi medok, sagala rurumbahan ngabayak, na pas
asup, langsung sila andekak, pas dibukaan geuning hidangan teh ngan ukur
gudeg jogja, didahar mah didahar ngan calam celem, ngan dijero hate angen
ngabagel da jauh tisangkaan katambah hargana mahal deuih. Beu edas aya ku
rupa rupa!
sr
----- Original Message -----
From: "hepi" <[EMAIL PROTECTED]>
To: <[email protected]>
Sent: Monday, April 24, 2006 3:36 PM
Subject: [Urang Sunda] Re: Pernyataan Dewan Pers Tentang PLAYBOY/Debat SCTV


> Sae debatna sae pisan, mung hanjakal MMI nu diwakilan ku Faujan rada
kateter
> ku wakil ti Playboy (Ponti Carolus) lantaran  data datana kurang lengkap
> sareng klise



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke