>
> Karek apal geuning ngaran
> playboy teh lain ngan ukur ngaran majalah wae, tapi aya oge merek
> kaos kaki ........
Kang SR, dua minggu kamari kuring jeung pamajikan ulin ka BSM (Bandung
Super Mall), nganteur si Bungsu nu hayang nempo si Aming, bodor dina
Extravaganza TransTV. Ari si Bungsu mah jeung lanceukna pasedek-sedek
lalajo si Aming, kuring jeung pamajikan mah kukurilingan nempoan
barang. Pas luak-lieuk, aya hiji toko sapatu, make tulisan "SALES",
mani galalede. Ngagiridig kadinya, ningalian dina etalasena. Geus
kosong morongpong, ngan dina etalase jeung ubinna, pabayatak
kertas/logo "Kelinci make dasi" (lambang Playboy), sigana maruragan,
bakating ku laku. Hanjakal kuring keur kutud, jadi teu wani asup, ngan
noel ka pamajikan, bari ngaharewos :"Kuduna toko ieu oge disweeping,
eta lambang Playboy mani pabayatak kitu!"
Baktos,
WALUYA
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Corporate culture | Business culture of china | Organizational culture |
| Organizational culture change | Organizational culture assessment | Jewish culture |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

