Pancasila teh dua sila tina doktrin Monroe Iliberalisme), dua sila tina sosialisme, 1 sila tina agama. Jauh antara Pancasila jeung komunisme. Anu nyoba-nyoba ngahijikeun Pancasila jeung komunisme geus kabuktian, teu jugala malah katiderasa. Anu kari ayeuna, pamimpin anu bisa ngalarapkeun Pancasila, lain ngatasnamakeun Pancasila pikeun mak-mak mek-mek dina kapitalisme (anu make baju Pancasila) atawa teu sadara ngagunakeun konsep sosialisme-komunisme (campur oge jeung kapitalisme ayeuna mah) dina usaha-usaha model Koperasi jeung BUMN.
 
manAR
 
 


 
On 4/28/06, mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
nyaeta kitu Bah di urang teh.
pangaweruh atawa kanyaho teh sok kagok. mun sok maca koran bari jembar pikiran mah meureun, apal, yen PM Inggris mang Tony Blair teh ketua Partai Buruh Inggris. sanes komunis. paling oge sosialis. sosialis beda jeung komunis.
 
jeung nyaeta kitu, poekeun, gedah ageung ngamaklum. kabeh nagara bangsa oge diwangun ku buruh. buruh teh basa Indonesiana mah karyawan. hehe.

 
On 4/28/06, waluya56 < [EMAIL PROTECTED]> wrote:
Tadi basa jumaahan nu khotbah teh ustadz senior, tapi moal disebat
namina mah, ngan kaasup ustadz beken di Bandung mah, anjeunna
ngangken kantos jadi pembina tahanan PKI di Pulo Buru, jeung oge urut
anggota parlemen (DPR). Aya hiji hal nu kuring rada "kerung" nengetan
eusi khotbah anjeunna teh. Salah sahijina kulantaran anjeunna wanti-
wanti kudu ati-ati sabab 1 (hiji) Mei (poe buruh) teh aya hubunganana
jeung Komunis (PKI). Kerung, da sakanyaho kuring mah POe Buruh mah,
sok diinget-inget, lain wae ku komunis, tapi ku para pagawe sadunya.
Aya kitu hubunganana antara "Poe Buruh" jeung komunis? ....cikan aya
baraya anu terang?

Kerung oge waktu Pa Ustadz nyebut tanggal 2 Mei, kalahiran Budi
Utomo, disebut Poe Pendidikan Nasional. Sakanyaho kuring kalahiran
Budi Utomo mah sok disebut "Hari Kebangkitan Nasional" (leupas tina
satuju atawa henteu). Sabenerna hayang ngacung, hayang
nyarita: "Punten Pa Ustadz eta lepat, sanes Poe Pendidikan Nasional,
tapi poe Kebangkitan Nasional". Ngan meureun teu meunang nya motong
nu keur khotbah.

Punten ah sanes naon-naon, ieu mah "oleh-oleh" waktu tadi Jumaahan,
jeung .....tamba sepi teuing.

Baktos,
WALUYA









Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
   http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
   [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
   http://docs.yahoo.com/info/terms/





Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




  •  Visit your group "urangsunda" on the web.
     
  •  To unsubscribe from this group, send an email to:
      [EMAIL PROTECTED]
     
  •  Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.





    • Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




      SPONSORED LINKS
      Corporate culture Business culture of china Organizational culture
      Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


      YAHOO! GROUPS LINKS




      Kirim email ke