Rame pisan kamari teh, loba anggota anyar (nu heubeul oge) nu sarumping, jadi aya beungeut2 anyar, Kang Emod, Kang Ono, Kang Otong, Kang ... aduh... poho deui euy... Kang Denny (ah, nu ieu mah bari ketang... huihihihi...), Teh Enur, Teh Puji, Teh Erma, dan teteh2 yang lainnya... heuheu... Rungah-ringeuh puguh, loba nu anyar panggih. Ari pas wawanohan, teu pati kadenge deuih, bubuhan ceuli keur rada... heuheu... Hatur tepang ka sadayana, mugi2 tali duduluran anu kamari 'diperraket' teh tiasa nyandak kasaean ka urang sadaya.
Special thanks to Alloh SWT, anu parantos ngersakeun urang sadaya tiasa kempel di Subang dinten kamari (heuheu... kawas pangbagea dina albeum band wae...). Kanggo Kang Endang Tatan anu parantos ngahajakeun jemput-anteur ka Jatinangor, nuhun pisan. Kang Ikmal lan Ani sakulawargi salaku pribumi nu tos nyayagikeun tempat kopdar, nuhun pisan. Punten tos ngarerepot (sangu bahe hiji, sirop bahe tilu gelas, jsb. hihihi...). Kanggo Teh Netty... aing mah salah tebak euy... ari sugan teh geus kolot... ari pek.... keur meumeujeuhna... Nuhun pisan!! Hanjakal teu kabagean dorprais euy... hiks...
Emh... naon deui nya.... Owh enya.... Ka Kang Miih alias Rafly si Bentang Panutup (da datang pang pandeurina, heuheu...), nuhun traktiranana di Dapur Cobek... Ulah kapok nya...
jk
On 5/1/06, sunda pituin <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Sim kuring sok janten 'pemalu' ari di nu seueur jalmi teh :-p, barieukeun, janten ngantosan nu ngajak ngobrol tipayun. Kaleresan aya Teh Puji (ti Ujung Berung, Bandung), janten ngobrol we ngaler ngidul. Teu lami, aya Mang Jamal, ngobrol beki uplek, dugi ka ngabahas novel-novelna. Asik eung, kuring hoyong pisan meser Fetussaga, novel katiluna MJ, mung teu kaleresan bae. Eh, ari kamari MJ nyandak sababaraha hiji novelna. Atuh 2 kauntungan sakaligus, kahiji harga novelna 'disubsidi', kaduana kenging tandatangan langsung ti penulisna. Siiippp :)
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Corporate culture | Business culture of china | Organizational culture |
| Organizational culture change | Organizational culture assessment | Jewish culture |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

