Punten ah bade narosan sakedik....
Dupi 'sunda pituin' teh Akang atanapi Teteh nyaa...??!!
Di antawis nu dongkap kamari, Abdi nu kalebet kategori 'wajah baru' tea panginten. Mung hanjakal teu sempet wawanohan sareng sunda pituin, margi Abdi oge sami isinan, kudu we ditaros tipayun. Pami tos loma mah moal, suwerrr....


Baktos,
OTA
*** Nu kamari nganggo kameja beureum kotak-kotak, nganggo kacapanon, rambut dibeulah tengah tea heuheuheu....
*** Lembur teh meuni jempling kieu nya, pada ngiring daremo kitu ka HI...??!!



"sunda pituin" <[EMAIL PROTECTED]>
Sent by: [email protected]

05/01/2006 11:54 AM

Please respond to
[email protected]

To
[email protected]
cc
Subject
[Urang Sunda] Kopdar Subang Resep Pisan :)





Wilujeng siang,
 
-----------------------------------------------------------------------------------------------------
-----------------------------------------------------------------------------------------------------
-----------------------------------------------------------------------------------------------------
 
Sim kuring sok janten 'pemalu' ari di nu seueur jalmi teh :-p, barieukeun, janten ngantosan nu ngajak ngobrol tipayun. Kaleresan aya Teh Puji (ti Ujung Berung, Bandung), janten ngobrol we ngaler ngidul. Teu lami, aya Mang Jamal, ngobrol beki uplek, dugi ka ngabahas novel-novelna. Asik eung, kuring hoyong pisan meser Fetussaga, novel katiluna MJ, mung teu kaleresan bae. Eh, ari kamari MJ nyandak sababaraha hiji novelna. Atuh 2 kauntungan sakaligus, kahiji harga novelna 'disubsidi', kaduana kenging tandatangan langsung ti penulisna. Siiippp :)
 
Beki siang, nu sumping beki nyeueuran, nu rata-rata wajah baru pikeun kuring mah. Aya saurang nu janten selebritis kamari, muhun teu lepat deui, nya eta sahebul bait, Teh Netty...Horeee, ahirna kuring terang tur tepang sareng anjeunna :). Funky dech (naon nya pami Sunda na? :D).
 
Tabuh 12 an, acara puncak (makan-makan)...Hmmm yummiii...aya beuleum lauk nu di pecak, sate, lalap sambel mah wajib, teras jengki, waduuuhhh pokonamah lah!!! Baruk nu masakna Teh Netty? tiasaan ih, bumbu rujak (lotek) oge saurna. Kamarimah patuangan pinuh we lah, komo anak kos siga sim kuring mah perbaikan gizi, hehehe. Teu kitu kumaha, sagala rupi katuangan aya, ti ngawitan opak, papais, dugi ka colenak, ti es doger dugi ka cendol, kantun milih! (pasti hanjakal nu teu ngiring kopdar kamari :-p)
 
Emmm aya deui! Door prize!!! Waahhh!!! aya nu kenging jam tangan, parfum, gantungan kunci mah harianeun, permen (sanes sapermen2x na, da ieu mah permen Texas :D). Di penghujung acara (bagean panganggeusan), Teh Netty ngaluarkeun deui oleh-oleh kanggo para Kartini Sunda, jreng-jreng!!! lipen setip. Iraha deui kenging lipen setip impor? :)
 
Pami diserat sadayanamah pegel, da aya wae picarioseunana, nu macana oge cape. Janten sakitu heula bae baraya...Kamari teh, tos wareg ngopi, ngobrol sareng poto-poto mah (acara wajib!) atuh bubar nungtutan, marulih ka pasarakan na sewang-sewangan. Aya nu ka Batawi, Bandung, Garut, Sumedang, jsb.
 
Hatur nuhun ka Teh Netty, katampi pisan, oge ka Kang Ndoell, Kang Ikmal, Teh Ani sareng rerengrengan panitia sanesna.


Baktos,
-eeya-
http://tawadhu.blogspot.com
ym id : l_indry99



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke