Sumuhun leres Bah Willy, eta murangkalih SMA nu kalebet tim olimpiade fisika teh leres-leres dikondisikeun, dikarantina tea di Karawaci. Salami dikarantina maranehna dipasihan soal-soal latihan nu sa-level sareng soal-soal Fisika Dasar kanggo mahasiswa tingkat I. Kaleresan Abdi kantos ngiringan seleksi tim olimpiade fisika kanggo perwakilan Jabar di SMA 8 Bdg, pami teu lepat mah. Mung teu lolos Bah, nya eta tea teu kaawakan soal-soalna meuni sesah. Harita mah teu kabayang kumaha carana ngajawab soal-soal seleksi tim olimpiade fisika teh. Kabayang soteh saayeuna we waktos kuliah tingkat I kaleresan nyandak mata kuliah Fisika Dasar.
Aaah ketang sok sanaos dikarantina oge pami dasarna uteukna emang oon mah tetep we Bah, wayahna eleh mah nya eleh...
Ieu mah emang dasarna palalinter bangsa Indonesia teh. Meureun. Heuheuheu
Kajabi ti leres-leres dikarantina, oge aya hiji sabab musabab na Indonesia mindeng kenging medali emas dina ajang olimpiade samodel kitu. Nyatana, cenah, kurikulum pendidikan di nagara urang mah tiasa disebatkeun luhur teuing 'level'-na. Eta we buktosna, waktos Abdi kelas tilu SMA, kaleresan aya 'pertukaran pelajar' sareng Australi pami teu lepat mah. Iseng we Abdi naros ka si Bule, pelajaran matematika di sakola manehna tos dugi ka mana heuheuheu....eeeh cenah ceuk manehna teh dugi ka anu...Abdi ngagerentes na jero hate, atuh pelajaran model kitu di urang mah tos diajarkeun ti kelas hiji SMA keneh.
Baktos,
OTA
*** Punten sanes agul ku payung butut
| "waluya56" <[EMAIL PROTECTED]>
Sent by: [email protected] 05/03/2006 02:01 PM
|
|
Atuda tong boro nu palalinter, awewe dipilemburan oge pahibut
hararyang jaradi TKW. Atuh lalakina sami ngabring kaluar jaradi TKI.
Kang Ono, sanes teu ngahargaan ka barudak nu palalinter ieu jeung
usahana Yohanes Surya, tapi Pa Tjia May On (Prof. Fisika ITB,
pembingbing kuring waktu sakola), kungsi ngritik cara nyiapkeun
barudak SMA dina ngilu olimpiade Fisika (oge olimpiade sains nu
sejenna). Ceuk Pa Tjia, peserta ti Indonesia di "karbit" :
dipisahkeun tinu sejen, dididik di "Training Center", dibere
pelajaran kalawan intensif (soal-soalna kadang-kadang keur mahasiswa
Fisika Tk III/semester 7/8) padahal peserta ti nagara sejen,
henteu "dikarbit" kitu, estu saayana. Ieu nu nyababkeun peserta ti
Indonesia sok meunangan wae.
Baktos,
WALUYA
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Corporate culture | Business culture of china | Organizational culture |
| Organizational culture change | Organizational culture assessment | Jewish culture |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

