Haturan Kang Rachmat, kumaha damang...? teh Lieska kumaha wartosna....?
Euleuh geuning mani rempeg, anu ngiring kopdar teh....ngiring bingah, sareng ngiring resep. Duh....sanes kirang sono, sono na mah nataku ka teh Nety teh, anjeuna ngahaja ngaSMS supados tiasa tepang, mung kumaha atuh teu tiasa ngiring jalaran pakeupuk tea.
Teh Nety , wanoja anu pikayungyuneun, margi sakitu ageungna perhatosan ti anjeuna, tina perhatosan ka baraya kusnet atuh dugi perhatosan ka jalmi alit nyaeta gaduh tugas mulya, bade ngiring ngawaragadan anu oprasi. Batur mah anu aya di lembur urang teu acan tangtos. Hatur nuhun teh...!, mugia atuh amal ibadah teteh digentos ku Alloh anu langkung ti sakitu....amin
Teh Nety leres anom keneh, putranna ge nembe yuswa 3 tahun, malihan tiasa oge di sebat nuju meumeujeuhna, sumuhun meumeujeuhna nanjeur tina sagala rupi, karier, ,
ekomoni sareng anu sanesna deui. Mung ngaraos bingah na teh sadaya kagiatan teh Nety di saluyuan ku carogena, matak ni'mat. Sok wae upami istri motekar upami teu aya widi ti caroge, pan menteugeug..!, he he
Kanggo ka baraya enggal, wilujeng gabung di bakus, disebatan hiji2 mah seueur geuning, nepangkeun wae si teteh, si teteh ieu mah leres tos nini2, tos manula matak era ulubiung teh da lolobana barudak ngora, jigana si teteh ti sarerea baraya pangkolotna.., tapi da kumaha rarasaan mah ngora keneh...he he
ipeut
( kota pahlawan.04-05-06)
MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Ngobrol ngaler ngidul perkara kopdar di Subang, asana
teh teu aya anu nyarioskeun teh Netty Martin, anu
janten shohibul baet. Saha Ari teh Nety Martin teh?
Ngan ukur nepi ka nembe mulang ti amrik, tapi teu aya
anu ngajelaskeun deui, kumaha-kumaha na teh Netty
Martin teh. Teras ayeuna aya dimana deuih, si Teteh
anu ngaku tos "nini-nini" teh. Padahal ceuk kuring
mah da masih ABG atuh.
Baraya KUSnet anu mondok ti Saptu meureun tiasa
ngadongeng perkara teh Netty. Aya hal pikeun
picontoeun urang sadaya dina diri teh Netty. Kamari
waktos kopdar panicia jeung jinisna can ngadongeng
leuwih eces.
Asana teh mani "ningnang" sababaraha postingan
ngadongeng perkara foto, "muka-muka baru", novel,
kadaharan,getih gaib, tapi teu aya nu nyabit-nyabit
"visi jeung misi" panglawungan jeung Teh Netty Martin.
Para "kokolot" oge sapertos Bah Willy, Ua Sasmita,
Kang Tito, Kang Dien teu aya komentar naon-naon.
Ari anu semet nepi ka ceuli kuring mah, cenah acara
ieu teh dirarancang ti taun kamari ku Teh Netty, tapi
karek kalaksanakeun ayeuna. Aya "tugas mulia" anu
diemban ku teh Netty, nyaeta bade mantuan waragad
operasi hiji budak awewe umur 8 taun anu kolotna
walurat, sangkan bisa boga anus (salila ieu lamun
miceun teh tina beuteungna). Cenah mah ieu teh tos
disaluyuan ku Kang Martin.
Teras Teh Netty (sakola disain interior di amrik)teh
kaasup hiji istri anu "langka", boga anak
(Michael)umur 3 taun, "jenius". Umur 6 bulan huntuna
tos lengkep, geus bisa mapah. Umur 3 taun geus bisa
maen komputer sorangan, bisa ngahirupkeun jeung ulin
sorangan dijero mobil. Padahal di Amrik lamun
kanyahoan ku pihak berwajib budak leutik maen di
mobil, budakna di cokot ku nagara, kolotna
dijebloskeun ka penjara.
Lamun dibere duit ku ninina, eta duit teh dibagi-bagi
ka sakabeh babaturanana,nepi ka ledis.(tah ieu mah
sigana nurun ti indungna, berehan, siga kamari babagi
door prize, babagi lipenstip).
baktos,
mrachmatrawyani
__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com
Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Corporate culture | Business culture of china | Organizational culture |
| Organizational culture change | Organizational culture assessment | Jewish culture |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

