|
hehehhe.....kalimat anu terakhir meni
lucu........aya2 wae si akang mah.
Saleresna mah aya patali sareng silsilah karuhun ti
pun Aki alm anu di wariskeun ka sim kuring kanggo neraskeun, margi saur anjeuna
nalika
jumeneng keneh, saurna sa bisa-bisa teangan
lanjutan sareng kapastian nana bisi euweuh anu nuluykeun sajarah urang ku maju
na jaman,sareng
kaleresan kang Nata oge ayeuna2 parastos mulai
resep kana sajarah, abong saur sepuh nya kaduhung mah tara ti heula, ayeuna tos
yuswa kapala 4
nembe resep, coba mun ti kapungkur keneh nalika
jumeneng keneh pun Aki ( Endih N ) sareng pun Uwa (H.Netty,S ) sigana tos ka
cukcruk tempat2
palinggihan karuhun teh, kitu dongeng na kang
Oman.
Hatur nuhun tina informasi na,
Insya Allah thn payun sim kuring seja ka lembur tur rada lami, janten seu-eur
waktos kanggo ngayakinkeun nu mana2 na
ku jalaran tataros weh ka anu langkung
terang.
Wassalam
Nata
----- Original Message -----
Sent: Sunday, May 21, 2006 11:35 PM
Subject: Re: [Urang Sunda] Naroskeun
tempat
Ieu nambihan we, sugan nambah lieur, hehehe.
Aya
sababaraha wewengkon anu TEN-TEN-nan teh:
1. Garut: Desa Timbanganten,
Kacamatan Tarogong Kaler Kab Garut. Ngan kabehdieunakeun katelahna jadi Desa
Cimanganten. Aya carita rakyat di wewengkon ieu nu pakait sareng ngaran
Karajaan Timbanganten, nyaeta dongeng Gunung Guntur ngabeledug. Ngan kuring
teu apal, naha aya wewengkon Hajasari di ieu wewengkon.
2. Bogor:
Kelurahan Harjasari, Kecamatan Bogor Selatan. Nu ieu mah teu aya
x-TEN-nan.
3. Sukabumi: Di Sukabumi aya wewengkon ngaranna Desa
Sagaranten. Di ieu wewengkon aya perkebunan Harjasari. Jigana mah nu ieu nu
leuwih deukeut engangna.
Kanggo naon Kang Nata, di Ostrali milarian
Timbanganten, aya urut papacangan jaman ngora kitu?
Hehehe.
Salam, mh
oman abdurahman
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Ari Timbanganten teh ngaran baheula keur kota/wewengkon Limbangan, Kab.
Garut ayeuna. Si kuring henteu apal dimana persisna Harjasari, ngan moal
nyalahan deui, tangtu di wewengkon Limbangan ayeuna.
baktos,
manAR
On 5/21/06, indung
peuting <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Leres teu yakin, puguh....he he
Asa hawar-hawar nguping mung duka dimanana mah, soklah
baraya......dimananya "Hajasari-Timbanganten" teh..?
Biasana kang Oman, kang Sidik, kang Mj, kang Hasan sok
terang....atanapi nu sanesna.....Kitu kang Nata, dimana anjeun
dumuk...?
Teh ipeut.......
naha gening di ngawitan ku " upami teu
lepat"...atuh teu acan yakin panginten....hhiihihihi....atanapi hilap
deui panginten nya...?
teu sawios hatur nuhun pisan, atuh
mamanawian weh aya wargi anu sanes anu
tiasa ngayakin keun ka sim kuring.
Sakali deui hatur nuhun.
Nata
-----
Original Message -----
Sent:
Sunday, May 21, 2006 1:45 AM
Subject:
Re: [Urang Sunda] Naroskeun tempat
Wa'alaikumsalam.....
Upami teu lepat di daerah kabupaten Garut, manawi.......
Assalamu'alaikum wr wb
Ka sadayana baraya manawi
aya anu terang daerah Hajasari -
Timbanganten,
daerah mana nya eta teh ? nuhun sateuacan
na.
Wassalamu'alaikum wr wb
Nata
===== Situs:
http://www.urang-sunda.or.id/ [Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran,
Koropak]
How low will we go? Check out Yahoo! Messengers low PC-to-Phone
call rates.
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
YAHOO! GROUPS LINKS
|