Assalamu'alaikum wr wb
 
  hehehe....maklum atuda kang poekeun pisan, sareng bilih sim kuring anu lepat nyerat, salajeng na hatur nuhun pisan eta alamat carita Gunung Guntur,
Alhamdulillah gening aya jalan sakedik-kedikeun tur bray-bray an .
 
Wassalamu'alaikum wr wb
 
Nata
----- Original Message -----
From: kumincir
Sent: Monday, May 22, 2006 1:54 PM
Subject: Re: [Urang Sunda] Naroskeun tempat

Atuh da sateuacanna mah teu nganggo ancer2 narosna, nu dimaksud teh di wewengkon mana kira2na, margi di urang mah pan ngaran wewengkon teh seueur nu sami. Misalna Pameungpeuk, panyangka teh ukur aya di Garut, horeng di Bandung ge aya. Malah mah di Garut ge aya dua, anu di wewengkon basisir jeung di suku gunung... (teuing), daerah Singajaya.

Sakaterang, di wewengkon Garut aya nu ngaranna Timbanganten (atawa Cimanganten, saur MH), daerah Tarogong, caket Cipanas. Patali sareng carita/sasakala nu patali jeung Karajaan Timbanganten-Gunung Guntur (mangga aos http://wikisource.org/wiki/Carita_Gunung_Guntur), simkuring teu apal duka nu mana nu dimaksud, naha nu di Tarogong, atawa nu di Limbangan.

Horeng nuju nyukcruk galur geuning, Kang? Asana mah di milis ieu ge aya nu nuju nyukcruk karuhunna nu ti Timbanganten oge, mangga cobi kontak Teh Nenny ([EMAIL PROTECTED]) nu nuju di Batam.

On 5/22/06, S M Natapradja < [EMAIL PROTECTED]> wrote:
Saleresna mah aya patali sareng silsilah karuhun ti pun Aki alm anu di wariskeun ka sim kuring kanggo neraskeun, margi saur anjeuna nalika
jumeneng keneh, saurna sa bisa-bisa teangan lanjutan sareng kapastian nana bisi euweuh anu nuluykeun sajarah urang ku maju na jaman,sareng
kaleresan kang Nata oge ayeuna2 parastos mulai resep kana sajarah, abong saur sepuh nya kaduhung mah tara ti heula, ayeuna tos yuswa kapala 4
nembe resep, coba mun ti kapungkur keneh nalika jumeneng keneh pun Aki ( Endih N ) sareng pun Uwa (H.Netty,S ) sigana tos ka cukcruk tempat2
palinggihan karuhun teh, kitu dongeng na kang Oman.

--
nandar
kumincir.blogspot.com
su.wikipedia.org

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke