Hebat lah laporan "tenjoeun mata"na (pandangan mata)
teh Roro. satarap sareng "keom"na kang SR. Lamun jaman
Orba, eta anu "gogoakan" sual Persib sareng sampah,
pasti tos  dikerekeb ku kaamanan, atanapi
"dibebeskeun" kana jero "simbut" ngahiji jeung runtah
tea.

baktos,

mrachmatrawyani

--- Roro Rohmah <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Aeh*Neng Iva damang? Ngadongeng sakedik aaahh*tos
> lami teu nganggo basa cohag, punten we nyaa*

> Kabeneran kuring  miluan Gema Nusa nu diayakeun ku
> Mama Ajengan Abdullah Gymnastiar tea.
> Mayar Rp. 10.000,- meunang kaos, nomor, panitih
> (lumayan urutna bisa dipake keur kudung) jeung iket
> hulu. Nya itung2 mecakan latihan nu sok dilakonan
> unggal Minggu, teu meunang lari ge atuh meunang
> "Hadiah Panto (Doorprize)" nyaeta Xenia & Ceria* pan
> aya pantoan kabeh ge lain? heheh*.

> Lomba lumpat sakalumpat lampet *kuring nyebut kitu
> soteh pedah niatnamah lumpat, tapi kumaha engke*da
> ceuk adi misan kuring,"Ceu, mending urang marapah
> wae nyaaa...bari ningalian nu herang jeung nu
> hade*heheh". Euh, ieu mah dasar! Ceuk Aa Gym oge
> sagala rupa mah kumaha niat*lempengkeun niat
> sampurnakeun ihtiar*

> Jol ka Jl. Peta dijaga ku Pulisi, lempang, da teu
> meunang aya motor atawa mobil ngulampreng kadinya.
> "Euleuh naon ieu the? Meuni dibunian? Ih, meuni pau
> peuih!!!" ceuk kuring bari nutupan sungut & irung.
> Sihoreng runtah disimbutan! make terpal badag oranye
> & biru, siganamah meh teu katenjoeun ku Gan SBY.

> Nepi ka parapatan geus ngagimbung jalma, ti siklukna
> ti suklakna, ti budak orok nepi ka nini. Subhanallah
> aya oge nu lolong, meuni sumanget make iteuk* trak*
> trek* trok. Siganamah para wanoja mah nariat pisan
> miluan ieu acara, nenjo bajuna meuni "marecing" kaos
> seragam beureum aya polet bodas, calana beureum,
> sapatu beureum. Loba nu marawa keresek, nu katenjona
> beurat pisan, disidik-sidik mah, naha siga timbel?
> Ieu the lari atawa botram?!!!

> Jam 6.00 WIB (Waktu Indonesia Bandung) Gan SBY muka
> acara. Siganamah nu dihareup mah ti jam tilu subuh
> geus cinutrung di garis START. Ngaliwatan podium,
> breh the Gan SBY, Mama Ajengan Gymnastiar, Menkopora
> Adiyaksa, srrd. Geuning kasep Gan SBY the
> heheh*karek nenjo ti kadeukeutan, ngan jarak
> sameter. Di podium hiji deui keur awewe aya Gan
> Istri, Ani Yudhoyono & The Ninih arimut meuni
> kareueut*

> Clengkeung the aya kolot lalaki,"Kang Dada, kumaha
> Persiiiib????!!! Kumaha Sampaaaah????!!!" Teuing
> kumaha indung leungeun kuring otomatis ngadon
> kaluhur bari beungeut nyanghareup ka si Bapa!
> Oh*.karek nyaho yen lalaki nu nyengir di podium bah
> ditu the Kang Dada*

> Sakumaha nu geus diniatan, lain lumpat tapi
> leumpang, da kumaha kararagok lumpat oge kunu
> hareupeun (alesan heheh). Di tengah jalan dibagikeun
> inuman haratis ti Vitazone, atuh puguh pahibut!
> Mangpang-meungpeung aya nu nyokot leuwih ti dua*
> Dibaruka bari lumpat & lempang*biasa lung*tutup &
> botolna dialungkeun sangeunahna *ngotoran deui
> jalan."Bangsa urang mah kieu daaa*dibere inuman the,
> miceuna dimarana wae!" Ceuk lalaki ditukangeun
> kuring.

> Nenjo nu kaperegat macet, geus pasti atuh
> jaramedud*.tungtungnamah bakat ku lila jadi ngaradu
> bako di sisi jalan, aya nu maca koran, aya nu
> ngalamun*meuni rupa2! Ceuk adi misan kuring, "Ceu,
> mudah2an urang teu disumpahan ku aranjeunna nyaa*!"
> Jam 08.30 WIB karek nepi ka Finish, aya SMS ti
> babaturan kuring. "Urang nepi jam 6.30, neangan
> maneh teu kapanggih.. bah mana?" Di bales ku kuring
> bari heureuy, "Ih, urang mah geus nepi ti jam 6.25
> keneh".Heheh*

> Eh, aya Kang Opick keur nyanyi Tombo Ati!
> Disampeurkeun weh rada jauh ti panggung da geus
> kapiheulaan ku jalema rea. Meuni reueus ningali bule
> nyanyi lagu,"Bersyukur..kepada*Alloh*".
> Diumumkeun saha-saha wae nu mareunang lomba kaasup
> urang deuengeun (ekspatriat) aya nu ti Amrik,
> Inggris, Korea jrrd.

> Keur resep2 ningali acara, aya santri awewe tiluan
> marake seragam mawa karung runtah. Subhanallah!
> Dipulungan hiji-hiji make leungeun, atuh kuring mah
> ngarasa era teuing nu sejen mah da hare-hare*nya
> dibantuan nu aya disakuriling kuring mah*meuni
> karayungyun eta santri, jeung arimut bari mulungan
> runtah. Tapi da dikumahakeun deui ngarana ge "Pesta
> Rahayat" pasti moal  inget-inget acan nu ngarangana
> runtah!

> Acara ngabagikeun hadiah dimimitian ti sepedah,
> kulkas & motor. Diselang-seling ku Padi,
> dibewarakeun deui bagi-bagi hadiah*nu teu eweuh
> jalemana diganti kunu sejen, nyokot deui nomor tina
> kardus*didedengekeun,lain deui *. lain
> deui*Tungtungna nepi ka acara "Hadiah Panto"* Ceria
> geus aya nu meunang*Tah, ayeuna Xenia*Aa Gym
> macakeun ngarana*Roooo*(aduh, kuring meureun
> nyaaa*.???!!!) Rohiimmmm*.


> cr
> ngalaporkeun langsung ti Bandung


__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke