Wa'alaikumsalam Wr.Wb.
 
Haturan kang Nata.....
 
Tuh geuning dongeng teh panjang, sae kang..! kanggo pieunteungeun di urang. Geuning curaling, nyogok, koropsi teh diditu mah teu lakunya. Eta nagara teh tos sabaraha warsih merdekana..? sugan kapayun urang ge tiasa kitu, sapertos nagara adikuasa Amerika tiasa majeng teh saparantos 150 tahun merdeka.
 
Janten Indonesia oge peryogi 100 taun deui tiasa majeng, koropsi ical , curaling jeung tukang maling laleungit da pamarentah anu ayeuna + 99 tahun anu bade dongkap tos parupus, janten tos digentos ku jaman reformasi anu teu sudi tukang koropsi, kitu ge sugan, sumuhun sugan manusia indonesia hoyong robih.
 
Nya ngawilujengkeun ka kang Nata, tiasa ma'mur tiasa liburan anu nyugemakeun, si teteh mah tiasa jalan-jalan alias liburan teh kedah nabung heula, boa dugi ka purna tugas moal dugi, da kaango deui kanggo deui...he he
 
Nuhun ah kang..! dongengna matak pikabingaheun. Iraha atuh bade ka lembur deui...? sugan diparengkeun urang paamprok. Aya deui patarosan teh, di nagara bagian mana kang Nata nganjreuk...?
 
Baktos
ipeut


S M Natapradja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Assalamu'alaikum wr wb.
 
    Eta si teteh meni keukeuh kana dongeng kang Nata, sanes alim ngadongeng teteh, asa teu terang timana ngawitan nana, janten kulantaran teu aya
dina emutan dongeng na, asa sesah bade nulis teh naon anu kedah di tulis, hehehehe.
    Tah....upami di taros mah Insya Allah anu kang Nata terang mah tiasa di serat di dieu:
akang damel di perusahaan plastik ( Injection moulding ) ngadamelan rupi2 barang ageung sareng alit tina bahan plastik, sapertos piring plastik, tutup botol , dst.
upami masalah aku katerang kang Nata di nagara kanguru mah rupina ku minim na anu korupsi sareng sistim sogok, bakat ku sakedik sareng jarang na anu kararitu
tiasa di sebat teu aya weh, janten peraturan pemerintah anu teu tiasa di gentosan ku artos ieu aya efec ka unggal jalmi kanggo teu ngalakonan curang, janten upami
aya jalmi anu korupsi teh osok kapendak wae da teu aya batur anu mantuan nutupan kalakuan nana,atuh ku seu-eur na penduduk oge ieu teh salah sawios sebab kana korupsi oge, contona kieu, di australia penduduk na ayeuna teh mung kirang langkung 20 juta, eta teh seluruh benua australia , janten satiap jalmi tos terdaftar dina komputer, istilah na mah unggal jalmi teh tiasa di lacak dina widang , keberadaan, kegiatan, rekor kahirupan nana, da ku sakedik tea, janten daek teu daek unggal jalmi kedah patuh kana aturan pamarentah, salah sawios na anu kang tiasa mastikeun mah, tisa widang penghasilan anu memadai, nyaeta sanaon kang Nata mung janten kuli biasa ( sapertos pegawai di pabrik di lembur ) namung penghasilan cekap, hartosna teu aya istilah tanggung bulan margi penghasilan sareng pengeluaran teh saimbang da aya peraturan gajih minim ti pamarentah tea, buktosna weh kang Nata tiasa liburan unggal 2 thn ka lembur anu sakedik na $ 10.000.00 seep salami 5 minggon di indo teh, tah ayeuna upami ku urang di bandingkeun sareng pekerja pabrik di indo, asa mustahil tiasa dugi ka luar nagri, hapunten sarebu hapunten ka padamel pabrik di lembur , sanes kang Nata ngarendahkeun pagawe pabrik di indo, da wargi2 kang Nata oge seu-eur anu di pabrik, namung ieu mah da kanyataan, atuh sakali deui hapunten bilih kang Nata lepat, nu mawi jarang nyerat di milis teh bakat ku sieun aya anu lepat tanggap kata2 kang Nata.
    Wangsul deui kana perkawis di luhur, rupina ku jujur ti luhur na eta  janten weh anu di handap oge teu sagawayah tiasa curang da buntu jalan na, contona
upami kang Nata ngalakukeun kasalahan di jalan, polisi teh teu tiasa di pasihan artos sanajan sabaraha oge, janten buntu ka urang na ge kanggo curang teh, atuh perkawis gajih oge langsung di potong ti perusahaan, janten teu walakayah, sareng jalmi anu ngalereskeun gajih pegawai oge teu tiasa di sogok, peraturan gajih na oge benten, contona upami kang Nata gajih Rp 1.000.000 misalna pajak na 30%, tah upami gajihna Rp 2.000.000, pajak na 40%, namung upami gajih na di bawah
Rp 500.000, ieu bebas pajak, sareng kanggo anu teu gaduh penghasilan pisan ( nganggur ) aya tunjangan ti pamarentah kinten2 Rp 400.000, janten upami di kalkulasikeun anu di luhur eta teu menonjol teuing antawis anu beunghar sareng anu miskin teh, kantun kumaha urang na ngokolakeun eta panghasilan teh.
    Alakadalahhhhhhh..........gening kang Nata tiasa nya nyerat panjang lebar sanaos pabaliut oge....hihihihi...punten ah ka sadayana hususna ka teh ipeut, bilih rada
bingung maos na hehehhe, maklum lah.
   Cag heula ahhh,,,paur kamalinaan teuing
 
Wassalam
 
Nata
    
----- Original Message -----
Sent: Monday, May 22, 2006 1:15 AM
Subject: Re: [Urang Sunda] Naroskeun tempat,..... pajeg kang Nata

Sumuhun mangga diantos dongengna, mung ulah ngantosan ngariung paadu soca....he he, ayeuna wae atuh apan didieu ge nuju ngariung baraya ti saalam dunya, panginten kaaos ku sadaya. Kitu tah..!.
 
Mangga urang dikawitan,  akang damel di widang naon...? sok ngawitan tidinya, diteraskeun ku bisa pamarentah satempat ngagunakan jurus ampuh supaya masayarakat malayar pajeg, naha diurang mah mani susah sina mayar pajeg teh. Pajeng teh apan salah sahiji pendapatan daerah, cing diditu anu balenghar mayar pajegna kumaha..? tuh los kana pajeg kang...! he he, mangga teraskeun ku Kang Nata.
 
ipeut
(sanes alim mayar pajeg, mung lieur ku aturanana...he he )

S M Natapradja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
sumuhun teteh......sareng upami perkawis pangalaman mah..hemmmmm...naon nya....hehehe sesah atuda ngadongeng na, maksad teh duka timana bade di ngawitan nana, engke weh lah upami urang sadayana tiasa riung mungpulung sareng anu sanes na, Insya Allah akang tiasa ngadongen , kitu oge upami aya dongengkeuneun nana...hehehe, tapi Insya Allah upami aya mah ku akang di kotretkeun dina milis.
 
Wassalam
Nata
----- Original Message -----
Sent: Sunday, May 21, 2006 5:39 PM
Subject: Re: [Urang Sunda] Naroskeun tempat

Wa'alaikumsalam Wr.Wb.
 
Uluh geuning tebih kang Nata teh...!, nuju naon atuh didinya naha nuju sakola..? tapi piraku sakola, damel rupina di atase kebudayaan.....ieu mah karangan si teteh...he he.
Sok atuh carioskeun pangalaman nana diditu, sugan aya pulunganneun keur urang . Ayeuna tabuh sabaraha diditu..? sareng ulah sok noongan wae atuh kang...! bilih turuwiseun.....he he, mangga diantos postingannana.
 
Wassalam
 
ipeut

S M Natapradja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Assalamu'alaikum w wb
 
Teh ipeut, hilap panginten nya dimana-dimana na akang.....atanapi sapedah akang jarang masihan komentar  ka milis,hehe.. sapedah weh asa ararisin ku basa anu minim pisan ari dina perkawis gaul teh, janten salami ieu Kang Nata mah seseringna mung resep weh macaan saderek2 sadayana anu anteng silih tembal, malihan mah upami aya pertemuan mah meni sedih ku teu tiasa ngiringan danget2 ieu mah, muda2an weh  kapayun mah Insya Allah manawi di parengkeun ku Allah swt akang tiasa riung mungpulung sareng balarea sadayana sakantenan silaturrahmi, amiin, kanggo pangemut  ka balarea mah, akang mepangkeun diri deui weh sakantenan ka sadayana wargi2 di Kusnet ieu bilih aya nu teu acan kenal:
 
Nami : Subur. M. Natapradja ( panggilan Nata )
Padumukan :  Sydney -Australia
 
Sakitu heula info ti akang bilih aya anu kirang mah hapunten pisan.
 
Wassalamu'alaikum wr wb
 
Nata
 
----- Original Message -----
Sent: Sunday, May 21, 2006 4:14 PM
Subject: Re: [Urang Sunda] Naroskeun tempat

Leres teu yakin, puguh....he he
Asa hawar-hawar nguping mung duka dimanana mah, soklah baraya......dimananya "Hajasari-Timbanganten" teh..?
Biasana kang Oman, kang Sidik, kang Mj, kang Hasan sok terang....atanapi nu sanesna.....Kitu kang Nata, dimana anjeun dumuk...?
 
ipeut

S M Natapradja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Teh ipeut.......
naha gening di ngawitan ku " upami teu lepat"...atuh teu acan yakin panginten....hhiihihihi....atanapi hilap deui panginten nya...?
teu sawios hatur nuhun pisan, atuh mamanawian weh aya wargi anu sanes anu tiasa ngayakin keun ka sim kuring.
Sakali deui hatur nuhun.
 
Nata
----- Original Message -----
Sent: Sunday, May 21, 2006 1:45 AM
Subject: Re: [Urang Sunda] Naroskeun tempat

Wa'alaikumsalam.....
 
Upami teu lepat di daerah kabupaten Garut, manawi.......
 
ipeut

S M Natapradja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Assalamu'alaikum wr wb
 
    Ka sadayana baraya manawi aya anu terang daerah Hajasari - Timbanganten,
daerah mana nya eta teh ? nuhun sateuacan na.
 
Wassalamu'alaikum wr wb
 
Nata
 


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com

Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com

Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com

Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke