Neng Ana,

Parantos di cobi ku Insinyur lulusan Jerman, dimodalan ku orde baru.
Cenah mah , "lamun urang unggul dina sain dan teknolgi, pasti ilmu
sanesna ngiringan maju".

Leres sae pisan hasilna, ngaggo teknologie anu pang saena. Cetna
mani herang, pokokna sagala rupina tina bahan nomer wahid.  Mung teu
tiasa hiber, da teu aya nu meser idem dito teu payu. Komo deui
ayeuna BBM naek. Parantos dilakonan, ageung ongkosna. Duka sabarah
enolna teh, mung anu pastina ,ah hasilna "enol ageung".

Kumaha mun anu praktis wae. Upami Neng Ana parantos kagungan putra,
tah dicariosan, yen Jeng rek ngirim $ 5.oo sasih per putra, nya Neng
Ana sareng caroge. Kintunkeun ka Yayasan Perceka sina digaleuhkeun
kana buku anu engkena disimpen di Pabukon disisi kota. Sina di aos
ku barudak. Nya bari ngangon munding, nyengle numpakan munding bari
maca buku. Teras dicariosan eta putra teh, ku lima dollar sasih
kintunan tuang putra eta teh tiasa digaleuhkeun kana 2-3 tilu buku.
Upami hoyong dicap "kintunan putra Neng Ana" di England (palebah
mana Englandna?) tiasa didamelkeun stempel ku Mang Jamal.

Nya dicariosan tuang putra, $ 5.00 kedah leres-leres sumbangan ti
tuang putra. Jadi tuang di  McDee dina sasasihna dikirangan sakali
we !

Ari Presiden bade ngurus runtah, nya keun bae lah. Oge eta Gan Gym
bade kieu bade kitu, nya keun bae deui we. Duit-duitna, da sim
kuring mah teu ngiringan, aya artos sesa ge losna ka Perceka, eta ge
ngan saketip dua ketip.

Hayu Neng Ana, urang bantuan tah Mang Jamal sareng Ua Sas, anu
usahana sangkan barudak di pasisian, barudak US, tiasa maca buku.

Sugan ka payun, Mang Jamal ngarang buku barudak. Atanapi anjeun
ngarang buku barudak nu matak pinrereun  barudak, ulah jiga dongeng
peucang rek meuntas walungan bari ngitung buaya nu ngajejer.
Apan cenah saur anjeun dongeng nu kitu mah matak pibodoeun.

Wassalam,
Abah Joe






Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke