Aeh,
kang Kumi tos ti Kuningan, teu ka rorompok atuh kang, da ti pasar Ancaran
mah kantun ka kidul wungkul.
Wilujeng tepang kang Ari, sami abdi oge ti Kuningan, desa Sindangsari
lebahna mah.
Ngabandungan kusnet ayeuna...mmm...rame pisan. Aya kang Toto anu teu
gaduh tatak rama, teu apal sopan santun ( punten ah, abdi kumawantun nyebat kitu
ka kang Toto anu leuwih sepuh), aya kang Acep anu keukeuh hoyong ku basa Indo (
padahal ngaku urang sunda ) , aya teh Ana anu pinter pisan nyarios, abdi
mah kuat ka bengong, nyariosna hebat, hanjakal mung apal hebatna nyarios
hungkul, teu apal kumaha gerak lakuna, da ari nyarios mah gampil sanes? nu
penting mah ceunah tindakan nyata tea ( naon tah sundana ), aya oge abdi, budak
Kuningan anu sok nyempod bari kadang seuri, kadang kerung, kadang ambek ningali
gunem caturna wargi Kusnet. Siga ayeuna, hate mah ngaheab panas tea, hoyong
ngambek!.
Punten ah, kalah ka ngacapruk
Titi
-----Original Message-----Wa'alaikumsalaam w. w.
From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED]On Behalf Of kumincir
Sent: Wednesday, May 31, 2006 10:31 AM
To: [email protected]
Subject: Re: [Urang Sunda] Nepangkeun...
Bagéa, Kang Ari... Baruk urang Kuningan? liburan kamari abdi ka Kuningan, Kang... Ka wewengkon Ancaran. Di ieu milis gé teu sakedik urang Kuningan téh. Aya Kang nDoell Anak Sekolahan, Téh Titi, Kang Toto, jsn.
Mangga dilajeng, tong asa2 tong pameng2.
sikandar
kuncen #5
urang Garut di Jakarta
On 5/31/06, Arie Hendra <[EMAIL PROTECTED]> wrote:Assalaamu'alaikum Wr.WbNepangkeun, abdi anggota anyarNami Abdi Teh Ari Hendrasetiana. Kawitna ti Mandirancan, Kabupaten kuningan. maksadna mah hoyong ngiringan dinu ieu milis. mugi2 katampi ku nu sanesna...
This message (including any attachments) is only for the use of the person(s) for whom it is intended. It may contain Mattel confidential, proprietary and/or trade secret information. If you are not the intended recipient, you should not copy, distribute or use this information for any purpose, and you should delete this message and inform the sender immediately.
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Corporate culture | Business culture of china | Organizational culture |
| Organizational culture change | Organizational culture assessment | Jewish culture |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

