Ndoell, kawit ti Linggarjati, Kuningan.
Damel di payuneun patung Pancoran-Jakarta.
Dumukna ayeuna di tungtung Depok.
Mangga, tong asa-asa didieu mah. Da balageur,
garalak soteh mun aya nu mantangul.
Pami Teh Titi mah kana tulas-tulis,
abdi mah kana ludat-lodet, cubuk-cabak..
hi..hi...
Teh Titi damang ? Sibuk wae jigana nya.
Teu sono kitu ka abdi teh ?
-dul-
--- In [email protected], "Julaeha, Siti" <[EMAIL PROTECTED]>
wrote:
>
> Hm...aya nu kasindir yeuh....bujangan deui ;))
>
> Enya, kang abdi kirang lengkep nyeratna, kalimat eta teh khususon
keur abdi, duka nu sanes mah.
> Da abdi mah resep tulas tulis ( kang Dudi oge resep pan? eta we
ningali dina web na, sigana mah urang teh sahobi, kang, cobi mun
caket nya! ) buku catetan harian ( diary ) oge aya sababara iji (
mulai nulis diary teh ti smp ) dugi ka ayeuna tetep sok ngeusi diary.
Pikeun abdi mah asa leuwih romantis mun ngedalkeun naon nu aya di
hate kana tulisan.
>
> Ngan ari kana mosting mah abdi teh rada hoream, eta sok pabaliut ku
damelan, sanes sok sibuk mung padamelan abdi mah sadayana ngandelkeun
kompi.
>
>
>
> Titi
>
>
>
> -----Original Message-----
> From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED]
On Behalf Of Dudi Herlianto
> Sent: Wednesday, May 31, 2006 1:23 PM
> To: [email protected]
> Subject: Re: [Urang Sunda] Nepangkeun...
>
>
> wassalamu'alaikum warahmatulloh...
>
> haturan Kang Ari.. mangga kalebet. nepangkeun kuring dudi urang
bogor+sumedang. bujangan umur 26 taun, manawi kang ari gaduh dulur
istri, punten tiasa dikenalkeun ka sikuring? he he he he... (teu
heureuy ieu mah dua rius)
>
> abdi mah asa kasindiran ku teh titi (gr nya? :)), haturan teh. eta
cenah nyerat mah gampil. kuring mah mung tiasa nyebat, baruk!?
> sabab nu kaalaman tulas tulis teh ambuing hese pisan. hayang nyieun
nopel teu jadi, diturunkeun nyieun carpon keukeuh teu bisa, kamari
aya niat ngapresiasi novelna mj duh naha teu kotret deui wae. angger
mongkleng rek nulis naon. heu heu heu
>
> sakitu we ah.. mangga kang rajlengkeun pangeusi jirimjisim akang,
ulah dipendem. meh kuring tiasa mulungan.
> dh
>
> --------------------------------------------------------
>
> This message (including any attachments) is only for the use of the
person(s) for whom it is intended. It may contain Mattel
confidential, proprietary and/or trade secret information. If you are
not the intended recipient, you should not copy, distribute or use
this information for any purpose, and you should delete this message
and inform the sender immediately.
>
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Corporate culture | Business culture of china | Organizational culture |
| Organizational culture change | Organizational culture assessment | Jewish culture |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

