wassalamu'alaikum warahmatulloh...
 
haturan Kang Ari.. mangga kalebet. nepangkeun kuring dudi urang bogor+sumedang. bujangan umur 26 taun, manawi kang ari gaduh dulur istri, punten tiasa dikenalkeun ka sikuring? he he he he... (teu heureuy ieu mah dua rius)
 
abdi mah asa kasindiran ku teh titi (gr nya? :)), haturan teh. eta cenah nyerat mah gampil. kuring mah mung tiasa nyebat, baruk!?
sabab nu kaalaman tulas tulis teh ambuing hese pisan. hayang nyieun nopel teu jadi, diturunkeun nyieun carpon keukeuh teu bisa, kamari aya niat ngapresiasi novelna mj duh naha teu kotret deui wae. angger mongkleng rek nulis naon. heu heu heu
 
sakitu we ah.. mangga kang rajlengkeun pangeusi jirimjisim akang, ulah dipendem. meh kuring tiasa mulungan.
dh
On 5/31/06, Julaeha, Siti <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Aeh, kang Kumi tos ti Kuningan, teu ka rorompok atuh kang,  da ti pasar Ancaran mah kantun ka kidul wungkul.
 
Wilujeng tepang kang Ari, sami abdi oge ti Kuningan, desa Sindangsari lebahna mah.
 
Ngabandungan kusnet ayeuna...mmm...rame pisan. Aya kang Toto anu teu gaduh tatak rama, teu apal sopan santun ( punten ah, abdi kumawantun nyebat kitu ka kang Toto anu leuwih sepuh), aya kang Acep anu keukeuh hoyong ku basa Indo ( padahal ngaku urang sunda ) , aya teh Ana anu pinter pisan nyarios, abdi mah kuat ka bengong, nyariosna hebat, hanjakal mung apal hebatna nyarios hungkul, teu apal kumaha gerak lakuna, da ari nyarios mah gampil sanes? nu penting mah ceunah tindakan nyata tea ( naon tah sundana ), aya oge abdi, budak Kuningan anu sok nyempod bari kadang seuri, kadang kerung, kadang ambek ningali gunem caturna wargi Kusnet. Siga ayeuna, hate mah ngaheab panas tea, hoyong ngambek!.
 
Punten ah, kalah ka ngacapruk
 
Titi
 
On 5/31/06, Arie Hendra <[EMAIL PROTECTED] > wrote:
Assalaamu'alaikum Wr.Wb
Nepangkeun, abdi anggota anyar
 
Nami Abdi Teh Ari Hendrasetiana. Kawitna ti Mandirancan, Kabupaten kuningan. maksadna mah hoyong ngiringan dinu ieu milis. mugi2 katampi ku nu sanesna...

--
~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~
:.lembur deudeuh.:
http://banjarasih.blogsome.com


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke