kuring baheula geus lalajo (1983) tapi ngalalajoan deui eta film,
henteu bosen. Bubuhan film hade, meunang piala oscar sababraha hiji.
Nempo film eta, urang bisa ngarasakeun kumaha teu ngeunahna jadi jadi
bangsa nu dijajah. Jadi warga nagara kelas dua. Gandhi, nu sakola
hukum di Inggris, jadi pengacara di Afrika Selatan. Waktu manehna
naek kareta api di afrika Selatan, Gandhi meuli karcis kelas I. Tapi
harita di Afrika Selatan nganut sistem apertheid. Gandhi, sanajan
boga karcis kelas I, teu meunang naek dina gerbong Kelas I. Manehna
kulantaran keukeuh peuteukeuh tungtungna ditalapung ku kondektur di
hiji stasiun, nepi ka nangkarak bengkang di sisi rel ......
Di Afrika Selatan, Gandhi memperjuangkeun hak-hak urang India nu
ngumbara di Afrika Selatan. Cara berjuangna, aneh, lain ku jalan
heuras, tapi terus noroweco jeung mantangul kana aturan pamarentah.
Cara berjuang Gandhi anu "aneh", narik salah saurang Wartawan ngora
urang Amerika, nu menta izin ka bossna, rek ka Afrika Selatan. Si
Boss surat kabar, nu boga prasangka goreng wae ka urang kulit warna,
ngomong kieu: "ENya cig, maneh pan wartawan ngora, nempo Gandhi. Tapi
sing percaya Gandhi teh jelema licik!"
Gandhi, akhirna mulang ka India. Berjuang keur bangsana kalawan lain
ku jalan heuras. Dina film eta, ditempokeun kumaha Gandhi nyieun
uyah, padahal uyah kaasup barang nu diatur ku pamarentah Inggris.
Pamarentahan jajahan Inggris, newakan nu nyarieun uyah,
diteunggeulan, tapi saurang oge teu aya nu ngalawan. Si Wartawan
Amerika, nu baheula kungsi nepungan Gandhi di Afrika Selatan, ngirim
warta ka Amerika make telepon, kieu cenah : " Moral urang Barat
ayeuna geus ngurangan, jelema teu ngalawan digebugan ...."
Akhirna India merdeka, ngan hanjakal India jadi kabeulah dua. Nu
Muslim nyieun nagara nyaeta Pakistan. Tapi sanajan geus kabeulah
dua, di India, urang Muslim nu embung pindah ka Pakistan parasea
jeung urang Hindu, silih paehan. Kacida sedihna Gandhi. Anjeunna
angkat ka Calcuta, dimana di kota eta, kerusuhan keur rame-ramena.
Maksud Gandhi ka Calcuta rek puasa nepi ka maot, lamun nu parasea ieu
teu eureun. Gandhi ngajujug hiji imah, imah urang Muslim, didinya
anjeunna puasa. Urang Hindhu nu fanatik, kacida ambekna ka Gandhi,
tepi ka luar ucapan :"Paehan Gandhi!"
Ku hormat-hormatna urang India ka Gandhi, kerusuhan mimiti eureun.
Aya adegan dina film eta nu nunjukkeun yen Gandhi teh Mahatma (" Jiwa
Besar"). Nuju Gandhi puasa, torojol urang Hindhu mamawa bedog, terus
sesentak ka Gandhi bari ngalungkeun sapotong roti, " Dahar ... dahar
siah, aing embung boga dosa deui, maneh paeh, kulantaran aing tetep
maehan urang Muslim"
"Na kunaon anjeun rek maehan urang Muslim sagala?" ceuk Gandhi teh
"Anak pamajikan aing dipaehan ku urang Muslim. Aing ngadagorkeun
sirah budak muslim, tepi ka hanteuna. Dosa .... dosa ....tong
ditambahan deui dosa aing, anjeun maot kulantaran puasa!"
Ceuk Gandhi teh :"kuring boga saran keur ngahapus dosa anjeun"
Nu keur ngambek teh, nambalang:" Nu kumaha saran anjeun teh?"
"Cokot budak urang Muslim, kukut ku anjeun, jeung didik budak eta
salaku urang Muslim!", ceuk Gandhi kalem.
Si nu ngambek teh, ngarumpuyuk, segruk ceurik, nyaluuh dina sampeyan
Gandhi.
Gandhi, si pejuang anti kekerasan, nu cara berjuangna ayeuna
ditarututan di sakuliah dunya, maot ditembak, ku urang Hindhu
Fanatik, nu nganggap Gandhi loba teuing ngabelaan urang Muslim. Ironi
lalakon manusa, nu anti kekerasan tapi maot ku kekerasan .......
Baktos,
WALUYA
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Corporate culture | Business culture of china | Organizational culture |
| Organizational culture change | Organizational culture assessment | Jewish culture |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

