Aduh asa kagunturan madu...dibageakeun ku pangeresana
Mama Siddik. Hatur nuhun pisan:-)

Hapunten nyebat kang...pantesna oge Mama panginten.

Mugia Mama sehat sareng langkung jembar.

baktos,

Porenges
---------------------------------------------------
Ka pun Bapak nyebat teh Mama, duka kunaon alesanana,
da punlanceuk sadayana oge mah Abah. Saparantos rada
porenges duka porenges pisan rada kahartos. Mama teh
biasa dianggo ka Ajengan anu teu weleh-weleh
diajeng-ajeng jeung dipihormat ku rahayat. Dina hartos
abdi kedah kitu oge ka Anjeunna. Neda pidu'ana ti
Mama!


--- Siddik Wiradireja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Heuheu...ieu saderek Pardjorad1 teh tamada kitu...??
>   leres aturan maen mah sateu acan kartu beureum
> tangtos kartu koneng heula.
>   
>   Alim ahhh..beuheung sareng suku salira mah....
>   kajabi upami beuheung sareng suku sapi atanapi
> munding mah tangtos ditampi..
>   lumayan kanggo ungkebeun.....
>   
>   Tariiiikkkk...jabriiggg....nges....!!
>   heuheuheu....
>   
>   ssw
>   kuncen ka #6#
>   
>  
> Peuyeum [EMAIL PROTECTED]
>   Kapayuneun:
> Pangeresana Kang AJkusnet miwah baraya sadayana.
>
> Mudah-mudah baraya sadayana aya dina panangtayungan
> Alloh SWT. Amin
>
> Abdi, Porenges (saur Punbiang:-))seja nyuhunkeun
> dihapunten utamina anu aya sangkut paut sareng serat
> "postingan" kaping 31 Mei 2006,  bilih (aos: seueur)
> dina serat "postingan" abdi upami teu lepat waleran
> sifatna, bobolokot kecap-kecap garihal sareng kirang
> (aos: teu pisan) merenah. Kasieun abdi
> ngabalukarkeun
> raheut manah ka baraya sadayana utamina pangeresa
> Mama
> Kuncen sareng kang Ajkusnet kuanjeun. 
>
> Sami bagjana panginten keur abdi upami serat
> "postingan" atanapi waleran "postingan" abdi
> dianggap
> bibit werejit langsung dialungkeun ka tempat runtah.
> Pon kitu deui upami ngan jadi lauk buruk milu mijah,
> abdi oge iklas kenging  hukuman(didelete)tina milis.
> Nyanggakeun beuheung teukteukeun suku genteng
> belokeun! Mung nyuhunkeun wejangan (warning) heula
> supados abdi tiasa nyaliksik diri ngomean
> lampah...hehe(teu ngeunah akhirna...Porenges
> nurustunjung!)
> baktos,
> P(tiasa peuyeum, porenges mangga, kasep na mah
> porenjis):-)
>
>
>
>
>
>
>
> Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda
>   Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda
>


__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke