Ihhhh...kagunturan mah sanaos ku madu oge atuh..... palidd...!!
sami-sami kasep.... (heuheu...)
Perkawis sesebatan mah teu langkung raosna salira......bade naon wae...oge moal teu ditampi..
Hatur nuhun...mugi salira oge sing aya dina kawilujengan salamina...
 
Ke..ke... sakedap ieu teh rada barieukeun pedah seueur teuing lalandihanana,
aya Porenges, aya Pardjora1, aya Peuyeum, kumargi teu acan aya klarifikasi ti jinisna, urang rampaan ;
Porenges : ieu mah lalandihan ti tuang rama/ibu, margi waktos alit upami diseuseul atanapi dipapatahan sok 
                 poporengesan wae ( leres/lepat.... coret yang tidak benar....heuheuheu).
Pardjora1 : tah nu ieu mah lebeng/poek teu katoong
Peuyeum : wantun sumpah tangtos sanes Tukang Peuyeum (leres/lepat.....coret yang tidak benur..)
 
ssw
Leres seueur di Sunda mah anu nyebat Abah atanapi Mama ka rama.
Sok sanaos aya oge anu nyebat Abah sareng Mama ka eyang/aki.
 
 
Peuyeum [EMAIL PROTECTED]
Aduh asa kagunturan madu...dibageakeun ku pangeresana
Mama Siddik. Hatur nuhun pisan:-)
Hapunten nyebat kang...pantesna oge Mama panginten.
Mugia Mama sehat sareng langkung jembar.

baktos,
Porenges
---------------------------------------------------
Ka pun Bapak nyebat teh Mama, duka kunaon alesanana,
da punlanceuk sadayana oge mah Abah. Saparantos rada
porenges duka porenges pisan rada kahartos. Mama teh
biasa dianggo ka Ajengan anu teu weleh-weleh
diajeng-ajeng jeung dipihormat ku rahayat. Dina hartos
abdi kedah kitu oge ka Anjeunna. Neda pidu'ana ti
Mama!




Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda
Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke