Ki, oge baraya sejenna,

Anu tangtu mah aturan pupuh teh aya dua:

(1) Kudu murwakanti (hiji pada aya sabaraha padalisan, saban padalisanna aya sabaraha engang jeung ditungtungan ku sora aksara hirup naon) . Contona, Maskumambang: 12-i, 6-a, 8-i, 8a

(2) unggal pupuh boga jiwa sewang-sewangan (tengtrem, bingung, banyol, gumbira, jste). Aturan kadua leuwih hese tibatan aturan kahiji. Kukituna, baheula keur di SD, guru kuring teu mentingkeun aturan kadua eta, tapi aturan kahiji mah mutlak. Contona, Maskumambang ngagambarkeun kanalangsaan, ngenes hate.

Aya masalah gede nyatana mah dina perkara pupuh teh. 17 pupuh anu aya di http://urang-sunda.or.id/ePupuh/epupuh.htm (tur dicutat ku http://lssitb.f2o.org/kamus/?wk=CategoryPupuh):

(1) Pada kadua unggal pupuh teu tumut kana aturan kahiji, teu murwakanti. Sigana eta pada kadua teh bisa dianggap "alok" bae, ulah dianggap bagian tina pupuh, malah mun bisa mah dipiceun.

(2) Lamun dibandingkeun jeung tulisan sejen ngeunaan pupuh (toong salah sahijina di http://www.sundanet.com/artikel.php?id=21), sareretan kuring ningali bedana aturan purwakanti pupuh Gurisa (cing tengetan nu lianna): di www.urang-sunda mah sapada teh aya 8 padalisan, ari di www.sundanet mah 6 padalisan.

Sok urang pada menerkeun.

AJ



mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Kang Santosa,

Hatur nuhun kana koreksina. e-Pupuh teh kieu dongengna
geura. Kuring kenging CD rekaman pupuh ti Ua Sasmita,
anu saurna sumberna kenging ngarekam tina acara
tembang Sunda ti RRI Bandung. Salajengna eta CD ku
kuring dirobih janten MP3, sarta rumpakana
ditranskripsi manual tina audio kana seratan. Aya
sababaraha bait nu ku kuring teu kaudag sarta teu
tiasa diduga naon kecap nu sabenerna, jiga dina Pupuh
Durma bait kadua (dicirian ku kelir beureum). Maklum
kuring teh sanes seni-man, ngan ukur batruna Kang
Ma-man Durah-man jeung Kang O-man. hehehe.

Tah ayeuna aya koreksi ti akang, bagja kamayangan,
hehehe asa dina wayang nya. Sakalian we kuring meredih
ka salira, punten pang nitenankeun palihmana wae nu
lepat, sarta kumaha nu leresna. Utamana palebah nu
ditulis beureum. Perkawis Pupuh Asmarandana, Sim
Kuring teu aya rujukan sanes, kajaba CD Audio aslina.

Salam,
mh

--- trias santosa <triassantosa@yahoo.com> wrote:
> Mangga lereskeun pupuh Asmarandana dina Kusnet !
> didieu:
>
> http://www.urang-sunda.or.id/ePupuh/asmarandana.htm
>
> Lepatna bait kadua teu murwakanti
> Saha nu ngarang baik kadua?
>
> Wasalam
> Kang Santosa
>
> Asmarandana
>
> Eling-eling mangka eling
> Rumingkang di bumi alam
> Darma wawayangan bae
> Raga taya pangawasa
> Lamun kasasar lampah
> Nafsu nu matak kaduhung
> Badan anu katempuhan
>
> Eling-eling masing eling
> Di dunya urang ngumbara
> Laku lampah nu utama
> Asih ka papada jalma
> Ucap tekad reujeung lampah
> Tingkah polah sing merenah
> Runtut rukun sauyunan
> Hirup jucung panggih jeung kamulyaan

=====
Situs: http://www.urang-sunda.or.id/
[Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak]

__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com

__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com __._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




__,_._,___

Kirim email ke