Ki Hasan (Mh), Kang Aj, oge baraya sadaya,

Saeutik mairan, jeung satemenna mah ieu teh talatah ti abah Surya
kapungkur. Mudah-mudahan teu jadi masalah, saeutikna teu jadi masalah
gede :).

Eta, lebah audio kantetan unggal pupuh. Satemenna, cara
ngahaleuangkeun hiji pupuh, utamana sekar ageung, henteu sarua antara
hiji daerah jeung daerah sejenna. Upamana, haleuang Asmarandana antara
Priangan kaler, tengah jeung pakidulan eta rada beda. Lamun dina basa
mah sebut wae ieu teh masalah 'dialek' atawa soal lentong.

Tah, kusabab anu dikantetkeun dina file nangkod audio teh ngan hiji
(asana unggal pupuh ngan hiji conto wanda/cara ngahaleuangkeun, nya?),
aya alusna upama dina tiap file audio teh ditambahan katerangan anu
nuduhkeun ti wewengkon mana wae eta wanda/cara ngahaleuangkeun audio
pupuh conto teh. Nya etang-etang mitembeyan ngebrehkeun (sakaligus)
ngahargaan unak-anik budaya urang. Ngan, meureun jadi PR (pagawean
imah), lain wae keur Ki Hasan, tapi keur urang sadaya. PR neangan
sumber daerah audio pupuh anu kapilih.

baktos,
manAR


On 6/9/06, Aj Kusnet <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Ki, oge baraya sejenna,
>
>   Anu tangtu mah aturan  pupuh teh aya dua:
>
>   (1) Kudu murwakanti (hiji pada aya sabaraha padalisan, saban  padalisanna
> aya sabaraha engang jeung ditungtungan ku sora aksara hirup  naon) .
> Contona, Maskumambang: 12-i, 6-a, 8-i, 8a
>
>   (2) unggal pupuh boga jiwa sewang-sewangan (tengtrem, bingung, banyol,
> gumbira, jste). Aturan kadua leuwih hese tibatan aturan kahiji.  Kukituna,
> baheula keur di SD, guru kuring teu mentingkeun aturan kadua  eta, tapi
> aturan kahiji mah mutlak. Contona, Maskumambang ngagambarkeun  kanalangsaan,
> ngenes hate.
>
>  Aya masalah gede nyatana mah dina  perkara pupuh teh. 17 pupuh anu aya di
> http://urang-sunda.or.id/ePupuh/epupuh.htm (tur dicutat ku
> http://lssitb.f2o.org/kamus/?wk=CategoryPupuh):
>
>   (1) Pada kadua unggal pupuh teu tumut kana aturan kahiji, teu  murwakanti.
> Sigana eta pada kadua teh bisa dianggap "alok" bae, ulah  dianggap bagian
> tina pupuh, malah mun bisa mah dipiceun.
>
>   (2) Lamun dibandingkeun jeung tulisan sejen ngeunaan pupuh (toong salah
> sahijina di http://www.sundanet.com/artikel.php?id=21), sareretan  kuring
> ningali bedana aturan purwakanti pupuh Gurisa (cing tengetan nu  lianna): di
> www.urang-sunda mah sapada teh aya 8 padalisan, ari di  www.sundanet mah 6
> padalisan.
>
>   Sok urang pada menerkeun.
>
>   AJ
>
>
>
> mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:                                            Kang
> Santosa,
>
>   Hatur nuhun kana koreksina. e-Pupuh teh kieu dongengna
>   geura. Kuring kenging CD rekaman pupuh ti Ua Sasmita,
>   anu saurna sumberna kenging ngarekam tina acara
>   tembang Sunda ti RRI Bandung. Salajengna eta CD ku
>   kuring dirobih janten MP3, sarta rumpakana
>   ditranskripsi manual tina audio kana seratan. Aya
>   sababaraha bait nu ku kuring teu kaudag sarta teu
>   tiasa diduga naon kecap nu sabenerna, jiga dina Pupuh
>   Durma bait kadua (dicirian ku kelir beureum). Maklum
>   kuring teh sanes seni-man, ngan ukur batruna Kang
>   Ma-man Durah-man jeung Kang O-man. hehehe.
>
>   Tah ayeuna aya koreksi ti akang, bagja kamayangan,
>   hehehe asa dina wayang nya. Sakalian we kuring meredih
>   ka salira, punten pang nitenankeun palihmana wae nu
>   lepat, sarta kumaha nu leresna. Utamana palebah nu
>   ditulis beureum. Perkawis Pupuh Asmarandana, Sim
>   Kuring teu aya rujukan sanes, kajaba CD Audio aslina.
>
>   Salam,
>   mh
>
>   --- trias santosa <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>   > Mangga lereskeun pupuh Asmarandana dina Kusnet !
>   > didieu:
>   >
>   > http://www.urang-sunda.or.id/ePupuh/asmarandana.htm
>   >
>   > Lepatna bait kadua teu murwakanti
>   > Saha nu ngarang baik kadua?
>   >
>   > Wasalam
>   > Kang Santosa
>   >
>   > Asmarandana
>   >
>   > Eling-eling mangka eling
>   > Rumingkang di bumi alam
>   > Darma wawayangan bae
>   > Raga taya pangawasa
>   > Lamun kasasar lampah
>   > Nafsu nu matak kaduhung
>   > Badan anu katempuhan
>   >
>   > Eling-eling masing eling
>   > Di dunya urang ngumbara
>   > Laku lampah nu utama
>   > Asih ka papada jalma
>   > Ucap tekad reujeung lampah
>   > Tingkah polah sing merenah
>   > Runtut rukun sauyunan
>   > Hirup jucung panggih jeung kamulyaan
>
>   =====
>   Situs: http://www.urang-sunda.or.id/
>   [Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak]
>
>   __________________________________________________
>   Do You Yahoo!?
>   Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around
>   http://mail.yahoo.com
>
>
>
>
>  __________________________________________________
> Do You Yahoo!?
> Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around
> http://mail.yahoo.com
>


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Protect your PC from spy ware with award winning anti spy technology. It's free.
http://us.click.yahoo.com/97bhrC/LGxNAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke