Baraya urang diajar basa sunda babarengan yu..........

Rea kécap basa sunda anu kacangking ku urang, bisa ngalarapkeun nana dina kalimah langsung pas keur guném catur, ngan pas kaparengan batur nu teu ngarti basa sunda nanyakeun maksudna kana kecap anu ku urang dikedalkeun pas ngomong sok arap ap-eureup eup ngajawabna, da susah ngagambarkeun jeung ngajelaskeun nana, da basa sunda ceuk pamikir kuring mah basa rasa. Mung tawakup wae, sanés sim kuring mapatahan ngojay ka meri. Palias teuing, mung iyeu mah urang silih simbeuhan we, sasieureun sabeunyeureun urang silih ronjatkeun kamaheran basa sunda, okeh teu??!! Pami teu okeh mah nya kedah sapuk, heu heu heu......

 

Baktos,

 

ikmal

 

"Dasar sunda!!" kitu mun babaturan ngaledek ka uing teh, pedah lamung ngomong basa deungeun  ku batur mah sok kadèngè aneh, pedah léntongna léntong wéwéngkon cianjuran, 'kajeun…" gerentès hate teh, nya cukup we nembalan dina hate. Jeung deuih asana teh leuwih genah jeung antèb lamun ngomong basa sunda, teu kudu ngomong loba cukup ku sakècap geus kajudi ku batur naon anu dimaksud ku urang, lamun aya kecap ceurik, eta basa umum, tapi lamun hayang leuwih ecès jeung kaayaan anu karandapan harita, tinggal dikantetkeun jeung kecap panganteur : rambisak, eurih-euriheun, ngabangingik, ngageuri, nyégruk, gagauran, dareuda, eur-eur, jénger

 

 teuing kusabab uing meureun urang kampung, teuing sugan geus ka tulah, pedah eta we lamun ngomong basa salian ti basa sunda teh sok ramijud pageujeud, antara létah jeung uteuk, antukna mah anu kedal dina biwir teh sok nyalahan teu sarua jeung anu aya dina uteuk, matakan babaturan mah sok ngageuhgeuykeun lamun urang ngomong basa RI teh komo deui basa inggris jeung jawa. Pernah maksudna mah rek ngecapkeun kecap Finance pan kuduna mah engangna biwir teh kaluar sora fainǽns  atuh da ari nu kadenge ku batur mah kalahkah pinan , atuh kabeh teh galakgak seuri!! sanggeus kapodosan nyarita sababaraha kali, antukna mah geus we dihate teh gilig yeun, mendingan rek ngalobakeun ngomong dina basa sunda, da ceuk rarasaan kuring mah, teuing ceuk batur mah, basa sunda teh basa anu pangéndahna keur ngawakilan rasa anu kaalaman, sok wae pikirkeun, loba kécap anu bisa ngebrehkeun rasa jeung kajadian teu kudu jadi kalimah, contona : raheut, bohak, bocel, kasura, kacugak. Éncan deuih lamun make tambahan kécap séjén keur kajadian saperti imut kanjut, imut ngagelényu, keom, seuri ngagalakgak/ ngagakgak, seuri mawur, seuri konéng, nyéréngéh,

pan dilalarapkeun dina kalimah jeung ngagambarkeun kaayaan anu beda…..

 

 

PR !! (sssttt......padahal sim kuring ge sok hése ngajélaskeun kécap-kécap anu sok dipake komo anu geus jarang dipaké dina paguneman sapopoé)

 

Pangbedakeun kécap dihandap naon hartina/ maksudna, jeung jieun conto dilarapkeun dina kalimah anu merénah, kecap :

  1. ceurik rambisak
  2. ceurik eurih-euriheun
  3. ceurik ngabangingik
  4. ségruk ceurik/ ceurik nyégruk
  5. ceurik ngageuri
  6. ceurik gagauran
  7. dareuda
  8. eur-eur
  9. jénger
  10. imut kanjut
  11. imut ngagelényu
  12. keom
  13. seuri ngagalakgak/ ngagakgak
  14. seuri mawur
  15. seuri konéng
  16. nyéréngéh
__._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




__,_._,___

Kirim email ke