|
sapagodos sareng nu ieu :
1. kalulusan murid ti sakola ceuk kuring mah benten
sareng testing bade lebet damel (atanapi bade lebet sakola deui)
2. kedah aya standarisasi mutu lulusan
sakola
sapamendak si kuring, siswa nu tos rengse sakola ti
kelas 1 dugi ka kelas 3 (tos 3 thn, kecuali nu kantos teu naek kelas) kedahna
dinyatakan lulus... teras kumaha nilai kelulusan-na ? tah di dieu nembe UAN nu
janten patokan kanggo standarisasi... janten si A tos lulus 3 taun sakola
tapi nilaina sa anu - sa anu (ngangge ukuran standarisasi tea), si B lulus
nilai-na sa anu - sa anu...jst
tina UAN ieu tiasa katingali mutu hiji sakola,
misal :
- lulusan SMAN 3 Bdg
mah rata2 lulusanna gaduh nilai 9 (standar UAN)
- lulusan SMA Swasta 8 Bdg mah rata2 lulusanna
gaduh nilai 6 jst...
tong dugi jiga ayeuna, aya hiji siswa bentang kelas
tos lulus PMDK di Universitas Brawijaya (universitas negeri paling kahot di
Malang), tapi dinyatakeun teu lulus SMA lantaran hiji mata pelajaran-na
kengeng nilai awon (padahal nilai pelajaran nu sanes rata2 9 jeung 8)... cilaka
mun sadaya jalma kudu sarua kapinteran na dina sagala widang (contona si kuring,
basa SMA teu pati resep Kimia, tapi beuki pisan kana Sajarah, ma enya uing teu
lulus-lulus lantaran teu dibere resep kana pelajaran kimia)
tos ah panjang teuing...
(heuheuheu masih keneh prustasi)
^_^
__._,_.___ Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
YAHOO! GROUPS LINKS
|
- Re: [Urang Sunda] Ooh......UAN! Hasan Supriadi
- Re: [Urang Sunda] Ooh......UAN! Asep Salmon
- Re: [Urang Sunda] Ooh......UAN! mh
- Re: [Urang Sunda] Ooh......UAN! Nana Tea
- Re: [Urang Sunda] Ooh......UAN! waluya56

