Bah Willy, Urang noong ka tatangga nya. Jiga kumaha tatangga ngurus perkara atikan dasar jeung menengah. Kengingnya noong tatangga, kanggo pangayon. Sabab upama teu aya pangayon mah rada sesah upama teu tuang toong teh. Hehehe.
Di lembur tatangga, Malaya, nangtukeun lulus heunteuna budak sakola, utamana pikeun sakola dasar jeung menengah, rada benten sareng di lembur urang. Sok sanajan kitu ari nu disebut model UAN mah aya, ngan beda ngaran. Malah diurus sacara daria ku hiji lembaga. Maksudna di tiap tingkatan sakola, sakola dasar jeung memengah, aya model UAN. Ngan eta hasil UAN teh teu dijadikeun tolok ukur pikeun ngahakiman lulus heunteuna budak di hiji tingkatan sakola. Ringkesna, di lembur tatangga mah, pikeun sakola dasar jeung menengah teh teu aya istilah budak teu naek kelas. Kitu deui teu aya istilah budak teu lulus sakola dasar atawa menengah. Jadi konsep wajib belajar sakola dasar jeung menengah teh, estu dijalankeun sakumaha mistina. Hasil ujian nu jiga UAN di urang, ngan digunakeun pikeun nangtukeun seleksi ka sakola tingakatan luhurna. Tah kitu kinten-kinten dongeng di lembur tatangga. Salam, MH --- waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > UAN (ujian akhir Nasional) nangtukeun pisan naha > budak SMP/SMA boga > izasah atawa henteu. Waktu UN SMA dibuka kamari, > loba budak "abege" nu > jadi stress kulantaran teu lulus UN. Malah ceuk beja > kamari, aya budak > di Medan tepi ka ngagantung maneh. Kuring lain teu > satuju UN, da > standarisasi mutu teh peryogi. Ngan cik carana tong > kitu, budak sakola > tilu taun, nasibna ngan ditangtukeun ku tilu-poe > waktu ujian. Kumaha > lamun budak keur teu sehat atawa boga masalah waktu > ujian? Naha peran > Guru-guru dina ngadidik budak salami 3 taun, teu > dianggap. Padahal apan > guru-guru nu sapopoena terang yen Si A murid pinter > jeung si B murid > bangor jeung bodo? > > UAN oge teu aya ujian ulangan, malah sina ngiring > ujian Paket C > (persamaan) nu bakal dilaksanakeun bulan November. > Kadang-kadang kuring > sok mikir, na ari soal pendidikan di urang, ti > baheula tepi ka ayeuna, > ngan ramijud wae ..... > > Baktos, > WALUYA ===== Situs: http://www.urang-sunda.or.id/ [Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak] __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Something is new at Yahoo! Groups. Check out the enhanced email design. http://us.click.yahoo.com/SISQkA/gOaOAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

