Jigana kiwari teu pati loba nu biasa ngagunakeun kecap "ragok" dina paguneman sapopoe, boh dina tulisan kitu deui wangkongan. Eta kecap teh mangrupa kecap anteuran pikeun ngagambarkeun sora jelema loba nu naranya. Aya sababaraha kecap anteuran sejen nu ampir sarua hartina, diantarana "rageg" jeung "ragot", masing-masing pikeun ngagambarkeun sora anjing loba nu ngagogog jeung ngagambarkeun jalma gelut, pasea atawa sawala.
Manggihan kecap "ragok" teh teu kahaja sabenerna mah, pedah eta we kaingetan ku Kang Santosa, Kang Oman jeung Kang AJ, nu madungdengkeun lirik Pupuh 17 tea. Tadi isuk-isuk pangangguran ngaregepkeun deui galindengna Durma, pedah aya dua padalisan nu can kaudag naon kekecapanana. Utamana dina bagian lirik tandak atawa panambihna. Munggaran ditranskripsi jiga kieu: Di mamana si penjajah Pada amarah marudah Manan kapok anggur gawok Najan dituyuk diragut *) Nagri sadayana *) Umumna ngabela Nyempad rosa, pulitik penjajah Tapi nu ngajajah Teu pasrah, teu sadrah Terus meres, ngahina ngarinah Dua kalimah nu ditandaan *) ngahaja dicirian, sabab panasaran keneh, can manggihan kecap "tuyuk" jeung "ragut". Tah tadi isuk-isuk nu kabandungan teh geuning lain, kecap "dituyuk" teh geuning dedengean teh jadi "dipoyok". Sababaraha kali diulang sorana, enya asa leuwih cocok "dipoyok". Kulantaran panasaran, terus neangan kecap "ragut" na KUBS, lebeng teu manggih, ngan manggih kecap "ragok" tea. Jadi sementara dua kalimah nu ditandaan *) unina jadi kieu: ... Najan dipoyok diragok *) Nagri sadayana *) ... Upama ninggal kana konteksna, sarta wirahma kecapna, enya asa leuwih murwakanti nu ayeuna. Tah ka baraya sejenna, upama aya waktu mangga koreksi bagian sejenna, utamana nu ditulis beureum. Carana gampil pisan: download lagu mp3 sareng lirik pdf-na, teras regepkeun dangdingna, akurkeun sareng seratan hasil transkripsi nu aya. Keun nu di situsna mah, engke we urang rautan sakalian. Salam, MH ===== Situs: http://www.urang-sunda.or.id/ [Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak] __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Great things are happening at Yahoo! Groups. See the new email design. http://us.click.yahoo.com/TISQkA/hOaOAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

