|
Wilujeng wayah kieu baraya Hatur nuhun pisan kana perhatosanana hwahahah teu kiat gumujeng wae, meuni rupi2 waleranana, aya nu ngajak mantun wae bari kabur, aya nu naros kersa ka pangsiunan? aya nu ngaku bujangan padahal incuna segudang hihih . Euleuh, kutan kitu Cep Ndud leumpeuh yuni teh? Sugan the pamegetmah kongang bade kasaha wae sareng kawasa kanu mana wae sami geuning nya gaduh kahay-hay tapi er-er heheh Tapi Cep teu sadayana pameget resep istri ti payun ijab, seuseueurnamah cua Aeh haturan Kang Syam nuhun pisan tos ngupahan abdi. Matak ku abdi dipasihan nb: diantos dudana the, da jaman kiwari mah nikah & papirak kanggo selebriti mah asa janten lalab rumbah, gampil pisan 5 taun kapengker abdi kantos mendakan gambar Kang Ari dina Femina nuju nangkeup rerencangan istri ti pengker (punten sanes cawokah, ieu mah gambar antawis rerencangan) Ku abdi diseken gambar istrina digentos ku poto abdi teras dioprex nganggo Photoshop. Euh nyaan etamah asa ditangkeup! Iseng dilebetkeun di Laughterside (bobodoran) kantor, dipasihan komentar, Buah Semangka, Buah Sawo .Gak Nyangka Gw ma Ari Wibowo Wah, etamah gujrud sakantor Bos abdi ge dugi ka mesam-mesem heheh. Tapi diemut deui, bahaya badag pami kapendakeun ku batur, komo bari dipesek ku pakar IT Roy Suryo mah tiasa janten pitnah! Matak teu dipidangkeun na milis ieu, etamah hususon kenang-kenangan kanggo abdi waktos Kang Ari lelengohan heheh Waktos aya acara,Ari Wibowo mencari pembantu, rerencangan abdi mah miwarang ngiringan, tapi abdi alim, da teu hoyong janten pembantu mah hoyongna ge janten istrina hihih Sanaos leres eta pangalaman abdi, kedah nalipax maneh abdi ge siga piit ngeundeuk-ngeundeuk pasir, neureuy jogjog buah loa pamohalan, etamah mung saukur lalamunan tebih pizzzaaan . :) ro2 Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
YAHOO! GROUPS LINKS
|
- [Urang Sunda] Re : Si Manehna Roro Rohmah
- Re: [Urang Sunda] Re : Kanggo Ceu Roro nu nuju hay-hay ... brad porenges
- Re: [Urang Sunda] Re : Si Manehna =ARI WIBOWO=

