ah obatnamah eta bereskeun we heula sakola, sing nepi ka junun nya.. soalnya abdi jadi kabita hoyong sakola deui, basa di ajakan ku wida asup ka jero kampus.. meni asa nyorocod tuur hoyong sakola deui teh hihihi nyaan  kabita pisan.. ke susuganan upami tos uih ka lembur tur  situasi na ngawidian he he hoyong pisan sakola..
keun we nya pamegetmah nya wid.. masih seu'eur ...
sanaos babandingan istri langkung seu'eur tibatan pameget.. PD we lah.. bakal kengeng.. anu langkung ti siborokokok..!! sagalana..

ke urang ameng deui nya upami abdi tos uih ka lembur (hihiih... insya alloh)

On 7/6/06, widzar_alghifary <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

Enya meureun kitu tea panginten nya, jodo mah teu aya nu apal.
Ningan eta Teh Roro ge tiasa tepang di pasar sagala sareng si
Akangna. Komo ngangge disanggap sagala mah basa pas bade gebis.

Tapi nya anggeur weh meureun nya, ari kanyeri mah moal leungit
sakara-kara, ilang tanpa karana. Kedah aya obatna tea panginten nya.
Duh.. Teh Neni, mun obatna kedah pameget deui mah sigana can wasa
ayeuna mah. Sieun kaalaman deui siga kieu. Keun weh ah kuring mah
rek neangan obat dina puisi. Sugan jeung sugan kapendak.

Nuhun ah kana piduana ka sadayana.
Mudah-mudahan ieu kanyeri tiasa kaubaran enggal-enggal.
Tapi alim enggal teuing ketang, da nembe nyobian ayeuna. Hoyong
diteuleuman heula minangka dua bulan tilu bulan mah.
Hehehe..

Nuhun ah,

Wasallam,
Sireum.


__._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





YAHOO! GROUPS LINKS




__,_._,___

Kirim email ke