|
di jepang, panghasilan salaki teh
ditransferna ka rekening pamajikan, jadi panghasilan salaki teh langsung
ditarima ku pamajikan. jadi salaki teh boga duit lamun manehna lembur atawa
meunang bonus, ieu oge meureun ieu mah, loba lalaki jepang nu gawena nepi
ka peuting melaan lembur tea, da ari panghasilan normal mah geus puguh moal
narima.
masalah nginum sake, di jepang mah unggal
acara sok aya pesta. kaalaman di sakola, teu pira tas beberesih ruangan lab,
peutingna aya pesta, geus puguh aya sake. ampir unggal minggu di parusahaan aya
pesta, rupa-rupa pesta na mah, nu kadangkala ngaranna pestana teu kaharti ku
akal. aya oge kabiasaan urang jepang nu nginum sake memeh sare, sabab cenah teu
bisa sare mun teu nginum ...
ayeuna, loba urang jepang nu hirup
nyorangan, da kagok ku karier tea. ampir kabeh ibu guru basa jepang kuring,
masih keneh hirup nyorangan, aya nu lantaran patah hati oge, aya oge nu
kabogohna keukeuh di ina teu daek diajak ka jepun .. he .. he
... urang jepang teh resep pisan kana masak, cenah salah sahiji sarat
pamajikan teh kudu pinter masak .. acara tivi lolobana mun teu masak nya acara
jalan-jalan...
masalah sejennya, kulawarga "muda" jepang
loba nu teu boga budak, alesanna boga budak teh "meakkeun duit" cenah. maranehna
digawe tihothat, duitna beak dipake ku budak. ahirna pamarentah boga
kawijakan, barudak nepi ka umur 6 taun, gratis biaya kasehatan sarta unggal
bulan meunang duit susu, atuh kuring milu resep we nu aya ...
heup ah .. bisi panjang
teuing
budhi
kurono kopo 241
__._,_.___ Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
YAHOO! GROUPS LINKS
|
- Re: [Urang Sunda] Mahalnya sebuah karir untuk wanita brad porenges
- Re: [Urang Sunda] Mahalnya sebuah karir untuk wanita Budhi Setiawan
- Re: [Urang Sunda] Mahalnya sebuah karir untuk wani... maman durahman
- Re: [Urang Sunda] Mahalnya sebuah karir untuk wanita kumincir
- Re: [Urang Sunda] Mahalnya sebuah karir untuk wanita ndoell
- Re: [Urang Sunda] Mahalnya sebuah karir untuk wani... brad porenges
- RE: [Urang Sunda] Mahalnya sebuah karir untuk wanita Heryadi, Eddy

