Teu beda jeung bangsa Korea oge kitu Kang Brad.. Kungsi harita aya dongeng, koleha abdi teh diulem tuang wengi di apartemen boss abdi. Tah nu ngawulaan teh istrina si Boss.. nya urang Korea keneh istrina mah. Salami tuang wengi, dugi ka rengse, istri si Boss teh ngajanteng we jiga pelayan. Ngucurkeun cai kana gelas, mangnyendokeun tuangeun, nepi ka beresna acara tuang wengi teh. Tos rengse, tamuna marulih, nembe istrina si boss tuang nyalira. Adatna teh kitu da, padahal mah pembantu ge aya. Tapi payuneun tamu carogena mah, istrina nu kudu ngawulaan.
Tapi loba oge nu ngalanggar aturan-aturan model kitu teh, komo ku generasi2 kadieunakeun. -dul- --- In [email protected], brad porenges <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Abdi pernah ngaos dina koran yen istri jepang teh cenah paling satia dibandingkeun jeung nu sejen. Duka tah...mung ninggal tina kintunan ieu sigana seueur nu leresna mun ditinggal tina parameter kersa cicing diimah, ngawulaan salaki siga kitu sareng nu sanesna deui. Mudah-mudahan ceuk abdi wungkul! > > Bah....nyungkeun hiji atuh? > > baktos, > > brad > > waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Enya cenah Urang Jepang mah kitu nya? Boga babaturan awewe sabaraha > urang nu sarkola ka Jepang, loba nu lalagasan keneh. Ceuk kuring teh > naha lain kawin wae jeung Urang Jepang? Kalahka ngabirigidig. Omongna > teh awewe keur lalaki Jepang, tukang ngawulaan salaki. Salaki rek > ngantor, manehna nu ngelap sapatuna. Salaki balik peuting bari > satengah mabok, sungut bau sake .... kudu sabar. Kajeun teuing > lalagasan tinimbang kawin jeung lalaki urang Jepang. > > Baheula, kungsi aya awewe urang jepang kawin jeung tukang Beca di > Yogya. Kunaon eta awewe jepang teh milih urang dieu? sigana mah > lalaki Indonesia masih mending kalakuanana tinimbang lalaki urang > Jepang. Pokona mah kalakuan lalaki jepang ka awewe, sigana mah teu > perlu diturutan ku lalaki urang Sunda! > > Baktos, > WALUYA > > > --- In [email protected], "ndoell" wrote: > > > > ceunah ceuk buku.. > > > > Ibu-ibu di Jepun mah lolobana caricing di imah. > > Salakina nyalse digarawe, anakna diurus, dibere kadaharan > > anu bergizi, dijeujeuhkeun sakolana, dibekelan ku mental > > nu hade. > > Hasilna ? Generasi nu palinter tur sehat. > > > > > > > > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id > > Yahoo! Groups Links > > > > > > > > > > __________________________________________________ > Do You Yahoo!? > Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around > http://mail.yahoo.com > ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Check out the new improvements in Yahoo! Groups email. http://us.click.yahoo.com/6pRQfA/fOaOAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

