tah 'urang jepang aslina' ahirna kaluar oge. Muhun kang kuring oge sering ningali na filem Sin Chan kumaha Papahna sinchan merengek-rengek ka Misae (pamajikanana) ngarah uang 'jajanna' di tambah. Tapi  keukeuh wae si Misae teh hente mere. Pok na teh, "SALAH PAPAH SENDIRI!!......."



On 07/07/06, Budhi Setiawan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

di jepang, panghasilan salaki teh ditransferna ka rekening pamajikan, jadi panghasilan salaki teh langsung ditarima ku pamajikan. jadi salaki teh boga duit lamun manehna lembur atawa meunang bonus, ieu oge meureun ieu mah, loba lalaki jepang nu gawena nepi ka peuting melaan lembur tea, da ari panghasilan normal mah geus puguh moal narima.
 
masalah nginum sake, di jepang mah unggal acara sok aya pesta. kaalaman di sakola, teu pira tas beberesih ruangan lab, peutingna aya pesta, geus puguh aya sake. ampir unggal minggu di parusahaan aya pesta, rupa-rupa pesta na mah, nu kadangkala ngaranna pestana teu kaharti ku akal. aya oge kabiasaan urang jepang nu nginum sake memeh sare, sabab cenah teu bisa sare mun teu nginum ...
 
ayeuna, loba urang jepang nu hirup nyorangan, da kagok ku karier tea. ampir kabeh ibu guru basa jepang kuring, masih keneh hirup nyorangan, aya nu lantaran patah hati oge, aya oge nu kabogohna keukeuh di ina teu daek diajak ka jepun .. he .. he ... urang jepang teh resep pisan kana masak, cenah salah sahiji sarat pamajikan teh kudu pinter masak .. acara tivi lolobana mun teu masak nya acara jalan-jalan...
 
masalah sejennya, kulawarga "muda" jepang loba nu teu boga budak, alesanna boga budak teh "meakkeun duit" cenah. maranehna digawe tihothat, duitna beak dipake ku budak. ahirna pamarentah boga kawijakan, barudak nepi ka umur 6 taun, gratis biaya kasehatan sarta unggal bulan meunang duit susu, atuh kuring milu resep we nu aya ...
 
heup ah .. bisi panjang teuing
 
budhi
kurono kopo 241
 
 
----- Original Message -----
Sent: Friday, July 07, 2006 4:37 PM
Subject: Re: [Urang Sunda] Mahalnya sebuah karir untuk wanita

Abdi pernah ngaos dina koran yen istri jepang teh cenah paling satia dibandingkeun jeung nu sejen. Duka tah...mung ninggal tina kintunan ieu sigana seueur nu leresna mun ditinggal tina parameter kersa cicing diimah, ngawulaan salaki siga kitu sareng nu sanesna deui. Mudah-mudahan ceuk abdi wungkul!
 
Bah....nyungkeun hiji atuh?
 
baktos,
 
brad

waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Enya cenah Urang Jepang mah kitu nya? Boga babaturan awewe sabaraha
urang nu sarkola ka Jepang, loba nu lalagasan keneh. Ceuk kuring teh
naha lain kawin wae jeung Urang Jepang? Kalahka ngabirigidig. Omongna
teh awewe keur lalaki Jepang, tukang ngawulaan salaki. Salaki rek
ngantor, manehna nu ngelap sapatuna. Salaki balik peuting bari
satengah mabok, sungut bau sake .... kudu sabar. Kajeun teuing
lalagasan tinimbang kawin jeung lalaki urang Jepang.

Baheula, kungsi aya awewe urang jepang kawin jeung tukang Beca di
Yogya. Kunaon eta awewe jepang teh milih urang dieu? sigana mah
lalaki Indonesia masih mending kalakuanana tinimbang lalaki urang
Jepang. Pokona mah kalakuan lalaki jepang ka awewe, sigana mah teu
perlu diturutan ku lalaki urang Sunda!

Baktos,
WALUYA


--- In [email protected], "ndoell" wrote:
>
> ceunah ceuk buku..
>
> Ibu-ibu di Jepun mah lolobana caricing di imah.
> Salakina nyalse digarawe, anakna diurus, dibere kadaharan
> anu bergizi, dijeujeuhkeun sakolana, dibekelan ku mental
> nu hade.
> Hasilna ? Generasi nu palinter tur sehat.







Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/





__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com




--
Wasalam,
Durahman __._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




__,_._,___

Kirim email ke